LEBARAN TAUN IEU

Beda ti sasari, ayeuna mah nyanghareupan lebaran teh kacida wegahna. Kahayang mah ulah manggih Syawal, geus Puasa teh ngajleng we kana Hapit. Bonganna!

Baheula keur leutik, teu sirikna ajrag-ajragan mun dibejaan ku ustad di pangajian yen rek nyanghareupan puasa. Patarik-tarik sora, tingcorowok ngapalkeun niniatan. Niat mandi beberesih, niat puasa dina waktu janari, niat solat taraweh, niat buka puasa dina waktu magrib, niat godin oge aya. Niat godin teh lamun puasana teu parat nepi ka magrib, puasa ngan satengah poe nepi ka lohor. Tapi can pernah nanyakeun ka ustad kumaha jampe niatna lamun niat teu puasa.

Sok sanajan puasa kakara dua poe, kuring panghagetna nandaan angka dina almenak. Hayang tereh-tereh nincak kana lebaran. Agul nembong-nembong baju anyar sababaraha rampasan, ngabobok cengcelengan awi dina palupuh amben atawa dina palang dapur. Ongkoh deui lamun puasa cacap sabulan teh sok meunang persenan ti Apa, buruh lapar, buruh hanaang. Di antara lima awewe sadulur, kuring minangka bungsuna. Atuh panglilalana nampa persenan, sabab lanceuk-lanceuk kuring mah, kabehdieunakeun sok tara bisa tamat puasa, malum awewe, sok aya hahalangna. Bulan puasa, bulan barokah teh lain ukur babasaan. Si bungsu dipupujukeun. Itu-ieu keur si bungsu.

Taun ieu, nya taun ieu, dina umur nu ka duapuluh tilu, kuring teu pati sumanget nyanghareupan lebaran. Lain geus euweuh deui nu mere persenan, da Apa tos lami ngantunkeun, ongkoh pan ti saprak umur duawelas taun kuring geus teu bisa cacap puasa sabulan campleng. Lain pedah henteu boga baju anyar, da geus lain budak nu kudu paginding-ginding.

“Yi, kade tutung…ulah bari ngalamun atuh popolah teh!”
“Aeh, Ceuceu..” Kuring nyolongkrong munjungan ka Ceu Tika, lanceuk kuring nu katilu.
“Mana barudak, Ceu?” Nu ditanya ngan ukur nunjuk ka pangkeng ibu.
“Keun atuh, ulah dipikiran teuing, kabancen geura”
“Henteu ieu oge Ceu, mung kumaha nya mayunanana?”
“Nya puguh Euceu oge sok bingung ari kudu adu hareupan jeung Ceu Tari teh. Apal meureun kana pangadatanana nu rada alus. Sok hayang meunang sorangan, sok asa bener sorangan”.
“Dupi pamendak Ceuceu kumaha?” kuring menta bongbolongan.
“Perkara eta teh ku Euceu geus disawalakeun jeung Ceu Ema, Gatri, oge Lastri. Ari ceuk Euceu pribadi mah sagala kaputusan aya di Ayi. Sabab ayeuna mah lain jamanna deui ngajodo-jodokeun teh. Geus teu usum. Ngan nu jadi beurat teh, eta kahayang datangna ti Ceu Tari. Kahayang nu moal bisa dipungpang deui. Sok komo ‘itu’-na geus dijangjian pidatangeunna ka dieu poean Lebaran. Geus tangtu Ayi kudu narima. Aya eta oge ngumaha ka Ceu Tari. Ari pokna teh “Naha? Pan ieu teh demi kabagjaan adi urang nu bungsu? Keun wae ari soal kuliah can beres mah, da eta mah bisa dipaju najan geus kawin oge. Kumaha ke lamun geus teu bisa katungkulan ku ibu? Pan beuki dieu teh, ibu beuki ripuh, loba geuringna batan cageurna. Mun seug teu bisa katungkulan, saha nu hanjakal?” Lah, rea. Rea pisan omonganana mah, seug bari nyeuneu deuih. Opatan bagilir mere pamadegan ka Ceu Tari. Tapi teu pisan-pisan Ceu Tari  katingal bakal robah pamadegan. Saperti biasa gurat batu geus kawengku.

Kuring ngaheruk ngabandungan Ceu Tika. Leungeun mah teu eureun pakpikpek ngahanca pagawean. Kuweh nyawisan lebaran geus ngajajar dina stoples. Geus jadi kabiasaan kuring, migawe ku sorangan barang jieun rupa-rupa kuweh tina resep koran atawa majalah. Ngan kuring nu aya, maturan ibu. Nu sejen mah geus bumen-bumen sorangan.  Geus ilaharna, poean lebaran sadudulur kumpul di dieu, di bumi ibu. Minangka kasepuhan nu jumeneng keneh. Bibi atawa paman, rayi ti Apa, oge rayi ti ibu sok ngadeuheus.

“Ari saur Ibu kumaha Yi?”
“Sami sareng Ceuceu. Kantos eta oge Ibu nyaur Ceu Tari, rada digalendut. Mung da teu riuk-riuk bade ngabedokeun pamaksadanana. Malah ka ibu wantun ngadalak, saurna teh, Ibu kedah bagja gaduh putra sapertos anjeunna anu bumela ka wargi, anu ageung perhatosan sapertos anjeunna. Lamun teu nyaah mah moal bade pipilueun ngurus sareng ngabeayaan abdi sakola. Pan lamun abdi janten ngahiji sareng itu, pasti beaya kuliah teh ngalih janten tanggungan itu”, kuring mengkek piceurikeun.

***
Bulan kamari kuring mimiti nyaho rek dijodokeun ka babaturan sapagewean Kang Dadan, salaki Ceu Tari.
“Pokona, Ayi ulah hariwang. Tanggung beres wae lah. Insinyur, kasep! Tah ieu gambarna”, Ceu Tari ngasongkeun potret lalaki tegep. Potret ukur direret.

Kuring melengek. Asa keuheul ka diri sorangan, naha biwir teu daek engab. Pan mun di kelas mah, kuring teh mahasiswi nu pangcapetangna. Pertentang lamun boga pamadegan. Pangpogotna lamun kudu pacental-cental, silih tempas jeung babaturan dina waktuna diskusi. Ayeuna kuring ngabetem. Kuring teu bisa guam di hareupeun Ceu tari, lanceuk kuring nu cikal. Nu mawa komara ka kulawarga. Nu ngabiayaan hirup kuring salila sakola, ayeuna nu ngabeayaan kuliah kuring.

“Kumaha Yi? Daek henteu ka dinya? Rek neangan nu kumaha deui? Pan neangan sorangan mah can karuhan bisa. Geuning tepi ka ayeuna oge Euceu mah can pernah nempo Ayi babarengan jeung lalaki anu pantes jadi pisalakieun!”

Meg! Gustiii…Asa ditonjok hulu angen. Heneg. Najan nyaho Ceu Tari mah ari ngomong sok sangeunahna, tapi omongan nu ieu mah karasa pisan garihalna. Matak pejah kasabaran. Teu, teu rido kuring dianggap teu bisa neangan pisalakieun sorangan. Teu rido! Ka mana kamerdekaan kuring dina nangtukeun jalan hirup sorangan. Ka mana kamerdekaan pikeun milih jalan sorangeun? Lain. Lain kuring embung kawin. Lain teu bisa neangan sorangan. Anu hayang ka kuring ngantay, teu kurang-kurang. Malah lamun dijajarkeun,nu kumaha rupana oge aya. Kari daek milih. Malah lamun ditataan pangkat, harkat, darajat, oge loba nu leuwih ti dinya. Tapi pan kuring can mikir ka dinya. Asa resep keneh lengoh batan kudu papacangan. Teu kabayang kudu riweuh ngurus batur. Pan kuliah oge sakitu nyedot tanaga. Kuring geus paheut jeung diri sorangan moal waka mikir-mikir boga kabogoh, komo deui boga salaki lamun can hasil nyangking gelar sarjana. Ayeuna pan keur ngahangkeutkeun. Keur nalungtik hiji hal keur bahan jadi sekripsi.

“Cekap Ceu, pasihan waktos abdi kanggo ngemutan”, ceuk kuring bari ngalimba. Hate mah hayang ngajerit, hayang ceurik gogowakan. Lamun kongan mah hayang bari lolongseran, kokosehan dina ubin atawa bari gogolenteran ngamuk jiga budak.
“Nya, tong lila teuing. Da lebaran ge jinisna rek datang nanyaan. Ngarah teu hese deui ngumpulkeun duduluran. Keun wae henteu tepi ka pruk kawin. Asal panyangcangna we heulanan. Pan alus lamun Lebaran Haji bisa ngaresmikeun”, pokna teu kireum-kireum.
“Ceu…”, lenggerek kuring kapiuhan. Inget-inget soteh basa karasa aya nu nyeuceuhan cai haneut kana tarang.
“Yayi…, Yi. Sing emut geulis”
“Bu, upami aya Apa mah Ayi teh moal kieu”
“Emh, teu kenging nyarios kitu bageur. Hawatos ka Apa”, Ibu murubut cisoca.
“Bu, hapunten Ayi”, kuring nyegruk dina pangkonan ibu.
Saprak nyaho kana nasib diri nu sarupa kitu, kuring nguyung. Kuring Yayi, nu ku dulur sok disebut ‘Ayi’ teu nyangka sacongo buuk, bakal ngalaman nasib jiga Siti Nurbaya, jiga Mariamin. Lamun kieu kaayaanana, mana atuh buktina perjoangan Raden Ajeng Kartini teh?  Mana atuh buktina perjoangan Raden Dewi Sartika teh? Mana? Naha di jaman nu sakieu majuna masih aya keneh jelema nu resep mamaksa kawin?
Ayeuna, di bulan Puasa ieu, kuring teu pati kalap jiga bulan kamari. Kuring geus rada teteg. Sabab kuring boga kayakinan, jodo, pati, bagja, cilaka ngan Alloh nu miboga, ngan Mantenna nu bisa nangtukeun. Najan Ceu Tari ngojok-ngojok, mamaksa nitah kawin ka jelema nu ngaran Darda tea, ari teu aya idin Mantenna moal ngajodo. Nya kitu deui kuring, najan keukeuh peuteukeuh embung direremokeun, ari jodona ka dinya mah, moal bisa nolak deui.
Mung Alloh anu  jadi pamuntangan, nu ngawasa beurang peuting, nu kawasa ngusik malik hate manusa. Kuring sok rajeun hudang tengah peuting, leuwih sering ti samemeh meunang karerepet. Neneda ka Nu Maha Suci, ngarah ditenangkeun hate, dicaangkeun pipikiran. Sok digerendengkeun ari ngadunga teh, ngahaja sangkan nyerep kana hate.
Gusti, dina hal ieu abdi nyanggakeun sadaya-daya. Mung Gusti nu kawasa ngusik malikkeun manusa. Mung Gusti nu tiasa ngarobih paraosan tiap jalmi. Gusti, upami leres-leres eta jalmi teh jodo abdi nu sae dunya aherat, mangga geura buka manah abdi pikeun nampi  anjeunna. Geura kempelkeun abdi duaan dina kasaean kalawan jalan anu sae. Upami anjeunna awon kanggo abdi dunya hereat, mangga Gusti geura candak sagala paraosan resep anjeunna ka diri abdi. Mugi Gusti, henteu masihan kasempetan ka abdi duaan kanggo ngajodo dina tali rarabi.”
***

Piduapoeeun deui ka lebaran, kuring  ratug. Nganti-nganti datangna Ceu Tari ti Surabaya. Kuring geus pasrah ka Pangeran, moal pasrah ka Ceu Tari. Sabab pikeun kuring laki rabi teh teu cukup ku rupa jeung harta wungkul. Kuring butuh anu bisa ngarti kana pasipatan kuring, anu bisa narima kakurangan jeung kapunjulan kuring kalayan wajar. Kuring apal kana pangadatan sorangan, tapi salaki kuring kudu leuwih apal kana pangadatan kuring. Nya kitu deui sabalikna kuring kuanjeun.
Ari dina telepon mah poe ieu Ceu Tari pidatangeunna ka Bandung. Lanceuk-lanceuk kuring nu opatan geus karumpul. Imah karasa haneuteun. Jauh ti sasari nu biasana rehe combrek da nu aya ngan kuring kadua ibu. Kitu oge kuring mindengna lila di kampus, sok komo lamun aya jadwal peraktek di laboratorieum.
Wanci sariak layung, nu didago-dago can tembong wae. Ongkoh wegah amprok, tapi panasaran hayang nepikeun pamadegan kuring ka Ceu Tari. Kuring kudu nangtukeun sikep. Najan kudu kawin ayeuna-ayeuna moal serah bongkokan rek pasrah kitu wae. Kuring bakal mere tanjakan lamun keukeuh kudu kawin ka eta jalma. Geus dirarancang naon wae kahayang kuring nu kudu dicumponan lamun kuring kudu daek kawin ka eta jalma.
Jerewet alo kuring, anak Ceu Ema nyoara ti lawang panto bari ajrag-ajragan, “Enin…Uwa sumping, Mamah…Uwa sumping!”. Enya wae, Ceu Tari nu datang teh, kaluar tina mobil jeung salakina dituturkeun ku tilu anakna. Jigana cape di perjalanan, katempona jiga nu lungse tur pias. Lengkahna ngalenghoy, disangkeh  ku salakina, dituyun ku anakna anu cikal. Biasana mah kacida gagahna. Rengkak paripolah nu bisa nuduhkeun yen dirina jalma anu kuat patekadan. Geus deukeut, karak katangen Ceu Tari rambisak, langsung nyuuh kana pangkonan ibu.
“Ibuuu…hapunten Neney”, pokna bari neueulkeun gadona kana tuur ibu. Ti leuleutik Ceu Tari sok nyebut dirina Neney, ngaran nenehna, da basa diajar nyarita teu bisaeun nyebut ‘neneng’. Rada lila nyuuhna teh, jung cengkat. “Mana Yayi?” Kuring rada ngarengkog. “Dieu bageur…hampura Ceu Neney”, bari ngagukguk ceurik teu repeh-repeh. Kuring ngaleketey tadina mah geus taki-taki, nginget-nginget deui piomongeun nu baris dikedalkeun hareupeun Ceu Tari. Ulah katangka jiga bueuk meunang mabuk, saperti nu eunggeus-eunggeus.
Barudak olohok ningali uwana kitu peta. Digiringkeun ku Ceu Tika jeung Ceu Gatri ka patengahan, diolo sina lalajo telepisi, terus ditungguan ku Bi Onah. Aya oge nu dibebenjokeun ku cocooan. Di ruang tamu ngariung sadulur-dulur ditambahan ku salakina masing-masing. Ari barudak geus disilibkeun mah nembe ibu sasauran.
“Aya naon, Ney? Asa rareuwas kieu Ibu mah..”
Ceu tari ngan ukur sisimekeun. Anu nembalan lain Ceu tari, tapi Kang Dadan, salakina. Lalaki kadua nu bisa nundukkeun hate Ceu Tari salian ti Apa.
“Ibu perkawis calon kanggo Yayi tea”, derekdek Kang Dadan nyaritakeun saha saenyana pisalakieun kuring teh. Darda, batur sapagaweanana tea. Boga tangtungan hade, rupa hade, jelema jegud, turunan gegeden. Pokona nurub cupu lamun dugi ka ngadahup ka kuring ceunah. Ngan hanjakal anyar-anyar ieu kakara kanyahoan yen manehna teh katerap kasakit nu rada minculak, resep ka jalma nu sarua jinisna jeung manehna, papada lalaki!
Teu karasa kuring ngabirigidig bari istigpar. Emh, meureun matak daek direremokeun ka kuring teh keur nutupan kaayaanana nu teu parok jeung batur. Boa lamun jadi ngadahup, kuring mah ngan ukur jadi papaes imah. Keur nyumponan status wungkul. Saterusna manehna bisa nyamuni dina kapantesan salaku salaki bari tetep milaku lampah teu uni jeung papadana. Naudubillah!
Peuting ieu, dina maleman takbiran, kuring nyegruk dina pangsujudan. “Nuhun Gusti, abdi parantos dijait tina kanircaan”. Tapi kuring reuwas, basa kuring kageubah ku sora anu ngoncrang “Gusti, geura caketkeun anu sae kanggo abdi”. Kuring ngabelenyeh, era ku gerentes hate nu kakara datang ayeuna, kahayang nu kakara nembongan saumur kuring ngamprokkan 22 kali Lebaran. Ngolebat hiji jajaka nu imut bari neuteup ku panon anu liuh. Hiji jajaka anu geten mantuan atawa maturan lamun kuring peraktek di laboratorieum. Can pati wawuh ka jinisna. Tapi ningali ku kalem jeung someahna geus bisa kajudi  kuring bakal kagembang. Hhhmm…
Nu pasti, isukan, panon poe hiji Syawal bakal dipapag ku hate  anu wening, hate nu pinuh ku kabagjaan.

Bandung, 12 Agustus 2010

SONO KA EMA

Geus tara ngadéngé sora turaés atawa sora tonggorét nganteur surupna panon poé. Wanci sariak layung taya bédana jeung wanci carangcang tihang, mulan-malén kandaraan  ngagerung sapaparat jalan. Estuning wanci geus teu bisa dibédakeun ku tanda-tanda alam. Nyaan, kaayaan hirup di kota jauh mela-melu jeung kaayaan hirup di lembur. Idek liher di lembur anu sakitu réhé comrék, tiis ceuli hérang mata. Cai cur-cor ngagenyas ngocor ti girang ka hilirkeun. Cihcir nihtir, bebence rabeng luhureun tangkal, dibarung ku sada caricangkas nu silih  sambat  jeung baturna. Kalong gégér sing gayabag, napuk dina tangkal loa. Sora-sora nu ayeuna kasilib ku sora duk-dok tatangkalan nu dituar, sora  mesin setum nu ngadudud mémérés jalan nu legok balas katinggang cihujan. Cileuncang  teu daék orot, nyurung-nyurung runtah nu ngahunyud dina susukan. Teu kalis saat, mangsa hujan ngecrek cai hanjat tina talun, nguyumbang di palataran. Lain ukur bécék deui, seseringna jadi banjir, jadi caah. Mawa sasalad nu kacida lobana keur balaréa.

Satadina  ujang téh atoh ema diajak nyaba ka kota, hayang ginding bari loba luang. Ulah kurung batok siga nu lian. Tapi geuning jauh ti ema  hirup lain  nambahan senang. Tanaga dipeleter bari hasilna teu pira. Hasil-hasilna mah éta ogé, ngan édas sakumaha waé lobana tara ieuh ngarasa kaleuleuwihi bisa méré mawéh atawa bisa heureut neundeun. Estuning ujang gawé geus béak déngkak, ngusahakeun hirup sangkan senang. Tapi geuning jauh pisan tina panyangka. Méméhna ngarasa kataji pédah ujang biasa diajak nganjang ka unggal lembur bari didegdeg dihiap-hiap. Lila-lila ujang  jadi tongtonan. Mindeng pada nyurakan. Ongkoh maranehna resep ningali ujang, ngan orokaya mun ujang nyampeurkeun kalahka sok paburiak. Malah nu sing jarerit oge aya. Budak leutik mah sok hing teh ceurik, ngawiwiw dina aisan indungna terus nyusup ménta disusuan. Ari nempo nu kitu ujang sok terus inget ka ema. Hayang nyusu deui ka ema. Najan enya susu lanyéd, tapi dina dada ema ujang ngarasa tingtrim.

Apan ujang teh hayang nyobaan diajar usaha basa harita indit teu bébéja.  Ujang hayang diajar ngumbara. Satadina ujang lunta sakaparan-paran, nuturkeun indung suku teh hayang bisa nulung ka indung. Ema teu sirikna notog-notog manéh mélaan sangkan anak kaparaban. Sok teu téga ningal ema ngadua-duakeun huap. Anak reuay parabaneun, géntél kéak bari euweuh batur pakumaha. Tuda ema nyaah ka ujang siga ka orok karak borosot, ditatap, diusap, teu sirikna dicokcrokkan unggal waktu ku kadeudeuh. Aya genah aya ragab ari ema geus nanangkeup ujang téh. Ema mah siga embung boga anak gancang gedé, gancang macakal hirup sorangan.

Saprak diajak ulin rada jauh ti imah, ujang beuki panasaran, hayang ngalaman hirup nempo rupa-rupa kamonésan. Pangrasa ujang, ema bakal atoh lamun ningali ujang loba kamajuan. Ujang ayeuna geus robah ema. Meureun ieu nu disebut hirup sabenerna. Kudu usaha sangkan nyawa betah nyangsang dina badan. Teu nyangka sacongo buuk bakal hirup  aya dina jero kurungan. Teu bébas siga sasari ujang téh ema. Di lembur sok sagala nyampak da ema bakating ku getén kanu jadi anak. Sagala kari top. Ema sok neuteup ceuleumeut lamun ujang sasarap, siga anu reueus ningali anak ponyo barang dahar. Eumh, ayeuna mah ujang ukur bisa nungguan sapaméréna ti dunungan.

Mun ema ningali ujang ayeuna, pasti ema bakal kalinglap ku anak sorangan. Ujang geus pinter ema, da diajar unggal rénghap. Getol solat tara jauh ti sajadah sok sanajan aya di jalan, bisa naék motor, dina waktuna kudu maén titér oge bisa, nari topéng, ngagitar, ah naon waé ogé geuning bisa ema ari leukeun diajar mah. Hirup ujang tara jauh ti kendang ema, da éta mah hiji tanda yén hirup téh kudu bisa mawa diri, sarua jeung ngibing anu kudu nincak kana wirahma. Sareundeuk saigel teh apan kudu aya dina bener. Lamun nogéncang bisi  katelah cul dogdog tinggal igel. 
  
Ngadago-dago waktu sangkan ujang bisa balik ka lembur, tapi geuning  léngkah kalah beuki jauh. Bari ujang ayeuna teu bisa balik sorangan da rumasa teu nyaho jalan. Bongan tadina lunta sakaparan-paran. Ujang teh sono ka ema, hayang ngagéléhé dina lahunan ema. Sono disaliksik bari diusapan sirah. Rido ujang digalendut ku ema. Da ema mah céréwéd ogé kawantu ku nyaah. Ujang henteu ngarasa nyeri hate basa ku ema rada digetrik. Ujang lain pundung atawa ngarasa ditundung basa miang rebun-rebun. Mémang teu ngabibisani rada teu genah haté basa disapirakeun ku si Ranggé nu huntuna ranggéténg. Loba diléléwé ku papada babaturan cenah ujang téh anak bawang. Tara kabawa jadi balad lamun keur waktuna aya raraméan di lembur. Ngan ka ema ujang bisa nepikeun sagala karungsing haté. Ngan ka ema ujang bisa percaya. Ayeuna jauh ti ema, beuki karasa nu nyaah ka ujang téh ngan ema.

Lamun ditengetan anu gemet, hirup ujang téh ayeuna teu bisa leupas tina kadali nu séjén. Ujang kudu nurut dititah diituh-étah, cukup ku pangenyed jeung panyeprét.  Lamun ujang dongko bari ngahormat ka nu ngariung di hiji tempat, saréréa emprak atoh ningali ujang boga kasopanan. Lamun ujang solat, nu nempo oge ngarasa reueus. Nu seuri ager-ageran, silih tunjuk silih sigeung jeung nu deukeut, bari metakeun naon-naon anu bieu dilakukeun ku ujang. Teu ieuh ngarasa éra atawa sieun nyigeung parasaan. Da anggapan maranéhna ujang mah teu boga rasa, teu boga kaera. Ema ujang teh pan matak pinter kana sagala oge pédah ujang boga rasa. Ngan nu ngabédakeun téh tina basa. Ujang teu bisa kedal ucap ngébréhkeun rasa. Ngan ukur ku réngkak pari polah.

Ujang kudu séhat tur nunjukkeun karumasa ku rasa senang. Motah bari bisa nunjukkeun rasa bagja pikeun jalma réa. Ujang kadang-kadang maké kedok atawa topi keur nyumputkeun cimata nu ngagarendang. Leuwih loba cimata nu kateureuy nu nyelek kana angen. Leuwih loba deui getih anu teu dipirosea ku kasarakahan manusa. Ema, tingali suku ujang ayeuna manjangan, teu petekel. Nu biasana leumpang égang atawa ngagégag ayeuna kudu perténtang. Luncat kana motor ngabiur ka tengah jalan sabot lampu setopan beureum teu ieuh jadi matak diudag polisi. Ujang, anak ema, ayeuna gagah. Aya éta gé hayang mantuan polisi nartibkeun jalan raya, atawa mantuan amang-amang tukang parkir, prat-prit niup piriwit. Leuh, hésé ema, da biwir ujang rubak, inggis piriwit kateureuy. 

Poe ieu ujang téh ngarasa capé ema. Da jeung enyana atuh, ujang mah teu bisa barang dahar balakecrakan siga batur. Dahar nungguan sapaméréna. Ti poé ka poé, kadaharan nu aya ngan éta-étana, ukur cau jeung kacang suuk. Dina waktuna ujang capé hayang saré, tetep kudu barang gawé, kapaksa dilakonan, daripada kudu nandangan lapar diparak pada ngantep. Malah sakapeung mah ujang sok diceprét. Ujang rumasa ema, hirup kudu bisa muhapékeun diri. Manakitu ogé geus nasib ujang nu kuat. Nasib nu moal bisa dirobah deui da geus kitu kakuduanana.

Ema ulah geruh lamun engké ema nyaho naon pagawéan ujang di kota. Bisi ema nandang wiwirang. Ujang mah ngan hiji cita-cita hayang bisa nyenangkeun ema. Lamun ema aya di dieu, meureun ema bakal ceurik balilihan ningali ujang pada nanggap, ningali ujang kudu papanasan di parapatan, di lampu setopan. Teu saeutik jelema nu ngarasa kahibur ku kalakuan ujang ema, bari sung-song méré duit kana dudukuy nu dikurilingkeun ku ujang. Ujang tetep inget kana papagah ema, ulah ngahinakeun diri hayang dipikarunya ku deungeun. Hirup kudu daék usaha sorangan. Tapi nya kitu téa, ceuk ujang ogé ema ulah nyeri haté ningali kaayaan ujang ayeuna.

Nincak aspal dina morérétna panon poé kacida panasna. Da ujang mah teu bisa disendal. Baju mah bisa ganti unggal poé kadang-kadang mah sok hayang teu dibaju ujang mah lah. Sok asa riged awak ari bajuna buni teuing teh. Hayang jiga di lembur wé ku ema mah tara digarah-geureuh  teu dibaju sabot hareudang atawa najan salawasna ogé. Ujang kudu apal waktu iraha kudu ngahibur nu ngaliwat di jalan. Da geuning sanajan aya lampu setopan, anu teu tartib mah angger aya. Ujang kudu ati-ati ema. Sabenerna ujang ogé sieun atuh nénjo mobil, motor pasulibreng siga nyiruan, teu eureun-eureun. Singsuliwer siga siraru onaman gancang ngaberikna bari ngeunah didahar. Ku éngang mah apan matak buncunur.

Tah ema ulah jadi leutik haté, lamun engké ema apal naon pagawéan ujang. Ujang ngadogér ema. Ujang jadi dogér. Ulah sedih nya ema, ujang geus ngawiwirang ema. Pan ceuk ema oge turunan ema mah cadu kudu daék hirup dina pangawasa deungeun. Sabab lamun hirup geus aya dina kakawasaan batur bakal hésé  ngalepaskeun diri, bakal hésé néang kabagjaan diri. Nyaan, bener pisan caritaan ema, ayeuna kabuktikeun pisan ku ujang.

Ayeuna ujang geus sawawa, geus bisa ningali kalawan écés ka sasama. Aya cawéné nu siga ema, ujang resep ka manéhna. Tapi nya kitu téa deui bae. Ujang teu bisa kumaha. Da itu ogé ngan bisa aprek-aprekkan, hésé padeukeut jeung ujang, ukur bisa silih rérét ti kajauhan, kadang-kadang mah semu anu ngelétan. Ari keur waktuna mareng mah. Ujang jeung si nyai teh sok babarengan. Malah sok pada ngalejokeun ujang kudu ngarayu si nyai di hareupeun jelema loba, niru-niru kumaha carana nyium lebah embun-embunan. Tapi da si nyai mah wanteran, biwirna teu sirikna manyun, nyosor hayang dicium ku ujang. Aduh, ema lain genah pada ngalalajoan mah. Jauh pisan tinu disebut mesra. Pada nyurakan, diayeuh-ayeuh téh si nyai mah sok kalahka ngahajakeun. Ngagieut-gieut bujur nampeu hareupeun beungeut ujang, ema. Ujang mah sok éra parada, ripuh nyumputkeun beungeut ema lamun kudu aya adegan hot  jeung si nyai di sisi jalan. Eta da si nyai mah boga kamonésan make kudu mukakeun seléting atawa nyingsatkeun  erokna  bari tutunjuk kana palangkakan sagala.  

Padahal ujang mah hayang kitu-kieu jeung si nyai teh lain dinu nembrak. Hayang dinu buni. Malar karasa nikmatna. Ujang moal milih-milih rupa, mindah-mindah rasa. Da geuning sagala rupa nu aya di si nyai sarupa jeung ema. Ngan bedana teh si nyai mah leuwih wantér, jeung siga rada teu boga kaéra. Make papakéan bur-bér, diréndaan, ditarétés benang emas, reunceum ku kangkalung jeung gelang, beubeur beureum dirantéan. Béda sotéh  meureun pédah gaul di kota.

Naon bedana atuh ema, ujang oge boga kahayang hirup tingtrim dina laki-rabi. Ulah hayoh waé dipeleter kudu ngusahakeun hirup maranéhna ku kaparigelan ujang jeung si nyai. Ujang hayang indit ti dieu ema, kabur mawa si nyai. Ujang hayang balik ka lembur urang anu liuh ku tatangkalan. Ujang arék nyieun tempat anu buni keur si nyai sina jongjon ngurus anak. Ujang bakal jadi bapa. Ujang mah moal siga bapa ujang anu cruk-crék waé kawin, anak reuay bari embung ngurus. Ujang moal nganyerikeun haté si nyai.

Ujang  ukur bisa ngusap dada basa  si nyai éjégélér ménta dikawin ku si Rojér. Da éta cenah kairut ku imut kanjut si manéhna. Nu matak dingaranan si Rojér ogé pédah tukang ngarojér beurang peuting, teu kaopan si eta mah. Nempo ban dirojér, nempo tihang listrik ogé hayoh dirojér, malah hayam ogé diudag-udag arek dirojér. Nu matak nyeri haté mah lain pédah si nyai geus embung deui ka ujang, ema. Geuning si nyai mah ongkoh ngomong rék micinta ka ujang saumur hirup tapi sulaya tina jangjina. Malah ka ujang teu kungsi  megatkeun duriat  ku kecap putus, ujang ukur bati jumerit dina ati, ningali si nyai dirojér ku si Rojér diriung-riung ku jelema réa. Maranéhna surak ayeuh-ayeuhan nenjo si nyai tipepereket nangkeup ka si Rojér. Atuh si Rojér ogé mani asa pangaingna.

Enya Ema jodo mah jorok. Si nyai abong kudu dikersakeun ngajodo jeung ujang. Manéhna  datang bari aluman-alimen, nyéléndé bari jeung ogo. Si nyai ménta dihampura téh ku sikep, celepot deui celepot deui nyium kana mata, kana irung bari ngusapan sirah ujang. Teu sirikna nyontrolan, ngongsog menta dipikarunya. Si nyai téh meleg-meleg geus nganyerikeun hate ujang tapi naha bet teu riuk-riuk ngarasa salah. Geus payah dikeureuyeuh ku si Rojer hayoh ayeuna menta ditulungan ku ujang ema. Hayang balik deui ka ujang bari beuteung gundal-gendol mawa anak haram ti si Rojer. Si Rojer mah da najan kasebutna jago kana ngarojer tapi teu boga niat hayang ngabagjakeun si nyai. Ukur pupulur saméméh mantun. Ukur hayang méak-méak karep ka si nyai satungtung suka. Ninggang mangsa nénjo pisenangeun aya dina awak deungeun mah si nyai ditokér bari teu dirérét deui. Geuning estuning anjing belang, anjing hideung, estuning teu melang, teu nineung.
 Ujang teu bisa kumaha. Teu wasa ningali nu lungas-lengis bari bureuyeung bulan alaeun. Rasa ngéwa éléh ku rasa nyaah. Meureun duriat téa ngaranna. Si nyai dihiap, sina reureuh. Mana kitu oge si nyai teh  geus sadar ngan ujang nu haat miduli ka manéhna ku rasa nyaah jeung rasa heman. Ngan ujang nu bisa dijadikeun tempat panyalindungan anu aman keur manéhna. Nyaan, teu beunang disisilihkeun rasa deudeuh ujang ka si nyai teh lain jijieunan.

Ema, ujang ayeuna gering nangtung ngalanglayung. Mikiran kumaha carana sangkan bisa indit ti ieu tempat. Mawa si nyai balik ka lembur saméméh brol si utun inji. Rék nanya, nanya ka saha. Rék ménta tulung ogé teu bisa. Euweuh batur pakumaha sangkan laksana. Bati karunya nempo si nyai nu ngadadak lungguh, teu pati ponyo  kana barang dahar. Awakna geus robah nu tadina lenggik camperenik jadi bukekeng. Suku bareuh, mata celong. Sorot mata siga nu pupus pangharepan. Panonna nu biasana hérang ngagenyas, jadi reueuk ku piceurikeun. Pagawéan si nyai ngan huleng jentul, ngahintul teu bisa ditalék.
Jodo, pati, bagja, cilaka pan geus aya nu nangtukeun ema. Jodo ujang ka si nyai geus ditangtukeun ku nasib. Saha nu nyaho soal pati ema? Ujang bati olohok mata simeuteun basa nempo waruga si nyai geus ngababatang, létahna ngélél kajiret ku ranté nu mangkék dina beuheungna. Matana nu sok biasa dulak-dilak, ayeuna buncelik. Moal boa si nyai téh milu mikiran hayang indit ti ieu tempat nepi ka pondok pangharepan ngeurad beuheung ku beubeur nu biasa dipake dina cangkengna. Lamun enya teh..eumh, tada teuing nyerina kudu nemahan pati ku cara kitu. Nyai..Nyai naha bet luluasan?!

Hayang balik ujang teh ema. Sono ka ema!


Bandung, 30 Desember 2010

HALIMUN

  “Ceu hapunten Abdi. Tangtos Ceuceu uninga naon maksadna abdi ngadamel ieu serat. Masalah nu dipayunan ku abdi ayeuna tos teu tiasa dikadalikeun deui. Mugi Ceuceu tiasa neuleuman manah abdi. Salami ieu abdi tos nyobi ngajagi sagalana, supados teu aya masalah sapertos ayeuna. Kedah kumaha atuh abdi Ceu?  Ka Ceuceu abdi nyaah, ka pun bojo oge sami abdi nyaah. …”

Surat nu katampa masih keneh panjang, tapi kuring teu wasa macana. Tangtu manehna bakal nyaritakeun kapeurih jeung kahanjakal. Tangtu bakal hese poho ka kuring nu mikanyaah ka manehna. Bener kuring nyaah ka manehna. Teu bisa disisilihkeun. Parasaan nyaah hiji lanceuk kanu jadi adi, sok sanajan ka deungeun-deungeun. Umur kuring jeung manehna bedana tujuh taun. Kanyaah nu estu wening, teu kacampuran ku rasa sejen nu matak jadi pacogregan rumah tangga. Boh rumah tangga kuring, kitu deui rumah tangga manehna. Rasa nyaah nu didadasaran silih ajenan, silih tulungan dina kaayaan hate ihlas. 
Tapi geuning, abong manusa mah sok hese ngajugjugan hate, hese neuleuman rasa. Kanyaah teh baranahan jadi kaheman. Kaheman parucukan jadi kaasih. Kuring jeung manehna teu sirikna kena ku paribasa, jiga gula jeung peueut, di mana wae aya kuring, di dinya aya manehna. Kulawarga kuring geus nganggap dulur pituin. Dalah salaki kuring oge, percaya sagemblengna ka  manehna. Lamun sakalieun aya jugjugeun, salaki teu bisa nganteur, sok kalah ka nitah neang manehna. Atawa langsung nelepon, sanduk-sanduk menta hampura seja mihapekeun kuring ka manehna. Tangtu nu dipihapean, atoh kacida. Hal nu saperti kitu teh kaalaman basa manehna can rarabi.
Surat nu tadi ngagoler dina ranjang, ditilepan. Bus, diselapkeun dina tengah AlQuran  hanca ngaji tadi samemeh maca surat. Cipanon ngalembereh, inget ka adi nu geus teu aya dikieuna. Adi lalaki nu dipikanyaah, Bageur tur soleh. Tara loba kahayang, taya codeka ka dulur awewe. Adi nu bisa dijadikeun batur pakumaha. Pangawakan jangkung, beresih tur berseka. Sampulur, matak resep nu ningali. Kuring nu jadi lanceukna sok reueus, lamun aya babaturan awewena nu nitip salam. ”Ceu, salam kanggo A Nazar..” Da teu ngabibisani, cacak lain ka adi jigana kuring oge bakal kabongbroy. Resep ku eraan jeung kalemna, tara rea omong. Hanjakal dikersakeun pondok umur. Katarajang kasakit Hepatitis C, nu mangsa harita kakara mimiti narekab jeung can kapaluruh naon piubareunana. Pangaresepna kana meng bal. Estu bentang lapangan. Dina tiap ngadu meng bal, pasti Nazar nyetak gol. Cipanon, murubut maseuhan pipi. Teu kaampeuh kuring nyegruk bari nalungkup kana bantal. Adi kuring anu kasep, Nazar, moal bisa aya gantina.
Ngarahuh jiwa kuring nyorang tanjakan. Najan lungse, najan mopo, mumunggang kudu kasorang. Halimun nu ngalimpud, estu matak poekeun pikir. Bari ningnang, bari ringrang, lengkah tetep dilakonan. Halimun nu ngarungkup teu beda ti panang gaib, nu nyangkalak dina jalan pasampangan, karimbun nu nyumputkeun rasa teuneung turta rasa ludeung. Hhhhmmm.... humandeuar hate nu pangleutikna, babagian diri nu pangjerona. Halimun...halimun....
Gebeg kuring kagebah ku sora nu atra dina ceuli. Sora adi kuring nu geus miheulaan nganjang ka alam pawenangan. ”Ceu, ulah sedih, lebar citangis, mending geura abdas. Enggal geura solat!” Kuring cengkat laju turun tina ranjang. Ngojengkang ka kamar mandi, niat rek nyokot wudhu. Gesut solat Isa. Diteruskeun ku solat hajat, menta ditenangkeun hate, menta dibukakeun lawang keur jalan kaluar tina rurudet hate.
Ret deui kana AlQuran, keretas nu nyelip di tengahna dikaluarkeun. Surat panjang ti Alif. Surat nu can anggeus dibaca. Sanajan can tamat, kuring geus bisa neguh naon eusina. Surat nu ngebrehkeun kapeurih ati Alif, saprak pamajikanna nyaho Alif deukeut jeung kuring. Alif teu nyangka pamajikanna galak timburu. Alif teu bisa kumaha, sabab rumasa kanyaahna ka kuring katungtungnakeun memang geus hese ngabedakeun antara kanyaah nu jadi adi ka lanceuk jeung  kanyaah hiji lalaki ka awewe. Alif wakca leungiteun kuring. Alif kapaksa milih teu bisa amprok deui jeung kuring pikeun nyalametkeun rumah tanggana, oge nyalametkeun hatena nu rajet basa pamajikannana ngagogoreng kuring. Pamajikan Alif katangka ngancam rek unggah bale watangan nungtut kuring salaku awewe nu ngaganggu katingtriman rumah tanggana tur ngahucuhkeun kana laku maksiat. Kitu pamikir pamajikanna nu hese pisan dilelemu.
Amprok jeung Alif lain kakara. Alif teh sobat dalit Nazar keur jaman sakola SMA. Henteu matak heran sabenerna lamun Alif idek liher di imah kuring. Harita kuring masih kuliah, masih lalagasan keneh. Nu matak helok, Alif jeung Nazar tanggal lahirna sarua, tanggal 12 Januari. Sok diulangtaunkeun teh ku tiluan we. Kuring nu geus kuliah di luar kota, sok ngahajakeun balik heula ka lembur. Tiluan ngahaja lalajo di bioskop, balikna jajan mi ayam atawa martabak telor. Huhujanan bari lulumpatan ngudag angkot nu geus jarang kapeutingnakeun. Nazar jeung Alif pinter ngagitar. Kuring bagean nu ngahaleuangna. Tatangga geus apal deui, tiluan geus jiga dulur pet ku hinis. Teu ieuh ngarasa era lamun hiji waktu kuring aya perlu, Nazar teu bisa nganteur, nya Alif nu nganteur.
Alif sakumaha Nazar, apal kana kabiasaan kuring, kana karesep kuring, oge kana sagala kaunggulan jeung kakurangan kuring, Alif oge apal kana kasakit kuring. Ti leuleutik, kuring ririwit. Babari gering. Teu kaop cape saeutik, sok langsung nombro. Ceunah ilaharna nu diasuh ku nini sok katerap leumpeuh yuni, teu kaop kagetrik, sok ngulahek kapiuhan. Babakuna mun manggih kareuwas sok dadak sakala ngalenggerek. Komo lamun ningali getih, sok langsung ngaleketey. Kasakit nu ku kolot baheula  sok disebut telu baraja.
***
Duh, naha bet kieu? Kuring ngarahuh deui. Ambekan karasa ngahegak, dada renghap ranjug. Lungse saawak-awak. Kesang tiis ngoprot, ngagarajag tina tonggong. Kakara oge rek kaluar ti kelas. Dina lawang panto, kaburu poek titingalan. Leng...kuring kapiuhan. Teu inget di bumi alam. Eling-eling basa karasa aya nu ngusapan peupeuteuyan. Seungit kolonyo nyegak kana irung. Kuring ngeureunceum. Bray katingal aya nu diuk gigireun. Ceu Ati, tapis ngarampa taar, diceuceuhan ku kolonyo. Geuning kuring aya di ruang UKS. Aya nu nangtung na tunjangeun. Horeng Alif?!
Leler deui. Pangacian kumpul deui. Ceu Ati kaluar ti ruangan rek neang Bah Ihin panjaga sakola, sina mangnyieunkeun citeh amis. Alif diuk gigireun.
”Naha Alif aya di dieu?”
”Muhun, tadi ditelepon ku Akang, piwarang ka sakola, Ceuceu udur saurna. Akang nuju nampi tamu di kantor teu tiasa dikantunkeun. Numawi miwarang abdi.”
”Pan cenah Alif moal tiasa tepang deui sareng Ceuceu?”
”Kitu pisan niat mah. Tapi da nguping Ceuceu teu damang, piraku ngantep.”
”Ooh, kapaksa atuh nya?”
”Ah, henteu. Kasempetan malah kanggo abdi mah.”, biwir Alif ngarenyu kaciri imut maur.
”Nuhun. Katampi perhatosanna. Engke deui mun dipiwarang ku Akang, wios nolak we. Daripada Alif kasiksa. Komo mun tuang rayi uninga, pisakumahaeun teuing benduna.”
”Moal Ceu, moal nolak. Pun bojo oge, moal bendu”
”Naha?”
”Atos dijelaskeun ka pun bojo, Ceuceu teh estuning sagala-galana kanggo abdi. Lanceuk awewe anu bageur. Anu mikanyaah ka abdi. Malih pun biang oge ngiring ngabantos ngajelaskeun. Saha Ceuceu, saha abdi sateuacan ngadahup ka anjeunna. Memang abdi lepat, teu nyarios kaanjeunna, perkawis Ceuceu. Teu nepangkeun anjeunna ka Ceuceu. Kumargi tebih tea.”
”Muhun. Iraha atuh bade diajak nganjang ka Ceuceu?”
”Ke sakedap deui pami anjeunna tos jagjag.”
”Naha kunaon?” kuring reuwas kacida nampa beja sarupa kitu.
”Oh..he he..nuju mabok...nuju ngandeg  dua sasih langkung...”
Kuring kacida bagjana. Cipanon, merebey deui. Bungah ku itu-ku ieu. Bungah lain bobohongan. Alif geus bisa ngungkulan dodoja rumah tanggana. Geus bisa ngabebaskeun kuring tina sak wasangka pamajikanna. Ngaran kuring geus kabaud  nimbulkeun riributan dina waktu nu kuduna oleng panganten. Ayeuna Alif rek jadi bapa. Aya nu bakal neruskeun tapak lacakna dina kahirupan. Anak Alif tangtu kasebutna anak kuring oge. Nu bakal nyebut Uwa ka kuring.
Sakapeung sok rada hemeng mun ngararasakeun kasakit dina diri. Boa-boa kuring gabug teh kulantaran teu payaan. Taun-taun hirup rumah tangga jeung si Akang can dipercaya boga anak. Lain teu usaha. Tatamba ka ditu ka dieu. Geus ku jalan medis atawa ku cara batin. Tapi weleh can kaparengan. Ubar kampung mah komo deui. Dalah kumaha, kahayang ngan ngancik jadi kahayang. Anyaran kawin mah sok rajeun pisan jadi bahan riributan jeung salaki. Tapi kadieunakeun mah geus bisa narimakeun diri. Da numutkeun pamariksaan mah boh kuring, boh akang sarua pada-pada sehat. Mana kitu oge can waktuna boga anak.
Kulutrak panto aya nu muka bareng jeung sora uluk salam. Pasti Alif. Da kitu kabiasaanna. Mun tamu sejen mah uluk salam teh di luareun panto, nungguan nu boga imah mukakeun panto. Geus henteu natamu, bubuhan tamu matuh geus teu kagok blas-blus ka jero imah.  Kuring nunda majalah nu keur dibaca. Kaca panungtung. Alif jeung pamajikanna nangtung hareupeun. Leungeunna nyolongkrong ngajak sasalaman. Kuring narima leungeun hiji awewe geulis, imut anteb semu era,”Nepangkeun Ceu, abdi Risma.” Kuring ngagabrug, nangkeup Risma.
”Deudeuh Geulis, adi Ceuceu...”, kuring hujan cimata dadak sakala.
”Hapunten, abdi Ceu..”
”Henteu, henteu lepat. Hapunten, Ceuceu harita nuju opname, janten teu tiasa ngahadiran  hidep nikah. Tuda tebih deuih nya tempatna. Akangna oge teu tiasa angkat, da kemit di rumah sakit.” kuring nyarita rada panjang.
Geus kitu mah obrolan manjang kana sagala rupa. Bari pakpikpek nyayagikeun susuguh. Kuring geus biasa nyayagikeun sagala rupa ku sorangan. Teu boga lanjang nu maturan di imah. Pagawean di imah katangkes ku sorangan. Da teu boga anak tea, teu boga kaulaaneun. Pilakadar ngurus salaki, bari teu cawadan. Sagala rupa nu diasongkeun tara aya nu ditolak. Babari mupujukeunna. Imah kosong lamun ti beurang. Kuring indit ngajar ka sakola, salaki ngantor. Pabeubeurang kuring geus aya di imah deui. Nungguan salaki balik bisa nyeuseuh, gegeroh ngumbah wadah, ngaleot, oge masak. Teu ieuh matak cape da pagawean sapopoe tur migawena nyalse.
Risma ayeuna mah sok rajeun datang. Poe Saptu atawa Ahad. Kalan-kalan datang poe Saptu terus meuting, mulang deui poe Ahad, lamun kaparengan Alif tugas ka luar kota. Kuring atoh, ngarasa aya batur. Asa kabita ningali Risma nu bureuyeung. Bisa nuduhkeun yen dirina awewe sampurna nu bisa jadi lahan tatanen anu subur pikeun tangkal kahirupan. Kuring tetep gede harepan, hiji waktu bisa ngalaman beukah beuteung jiga Risma. Moal, moal leutik pangharepan. Risma bisa mihapekeun diri. Tara ieuh ogo menta dikaulaan. Malah lamun kuring keur aya di dapur, Risma sok pipilueun mantuan sabisa-bisa. Ngan ku kuring dicarek. Mangpaurkeun bisi tiseureuleu atawa kuma onam.
Ayeuna bulan alaeun. Risma geus jarang datang ka imah. Paur di jalanna. Kuring ganti anu nganjang. Mimiti kukumpul keur ngabageakeun si jabang bayi. Popok, gurita, simbut, jeung sabangsaning kaperluan orok. Kuring resep milu sasadiaan. Mun waktuna dipariksa ka bidan, Alif teu bisa nganteur, nya kuring anu nganteur. Risma ka kuring geus teu asa-asa. Teu sirikna nganggap ka lanceuk sorangan. Kuring nya kitu deui, gulangkep, ngaku adi ka Alif jeung ka Risma teh.
Basa Risma adu regeng nandonkeun nyawa keur ngaborojolkeun si jabang bayi. Kuring nu ngemitan. Ketir ningalina. Sok komo kuring mah can ngalaman ngajuru. Rampang-reumpeung, teu puguh cabak. Risma muntang tipepereket kana pigeulang kuring. Ku kuring digedekeun hatena, ditungtun maca istigfar. Kuring babacaan sabisa-bisa. Ditompokeun kana ceulina, bari diusapan sirahna. Can waktuna, kakara pembukaan dua, masih ngantos dawuh ceuk Bu Bidan mere tangara. Kuring ngusapan tonggong Risma nu humaregung. Bari teu weleh, ngembeng cimata. Gusti, geuning kieu nu jadi indung belapati ka buah ati. Kuring nu teu nyaho dirupa indung ti leuleutik. Indung nu perlaya basa bajoang ngababarkeun adi kuring, Nazar. Kuring jeung Nazar nu digedekeun ku nini jeung aki. Karasa pisan kanyaah indung nu jadi tutungkusan kalbu. Indung teh minangka batara landung kandungan, batari laer aisan. Kajeun nebus kahirupan nu jadi anak ku nyawa dirina.
Basa si utun inji bijil. Orok ngagoar ceurik. Diburu ku juru rawat, dibungkus ku kaen terus diberesihan. Risma ngalehleh. Taya tanaga pikeun ngaheujeunkeun hiji deui nu aya dijero beuteungna. Kembar! Aya keneh jabang bayi dina beuteung Risma nu nerejel hayang kaluar. Risma mehmehan kapiuhan. Ku kuring ditepok-tepok pipina. Sina eling. Bari terus didorong sumangetna keur ngaheujeun. Brol, si utun inji hiji deui, teu sirikna ti dederegeng. Teu cukup sakitu masih aya keneh nu kudu diheujeunkeun, nyaeta babantal si utun inji nu sok disebut bali. Pangcalikan nu mungkus cai tempat ngojay utun inji, nu ngantengkeun tali puseur kana udel. Sakali deui Risma ngaheujeun. Beda jeung nu dua tadi, nu ieu mah kaluarna dibarengan nyebrot  getih. Risma ngoceak,  guyang getih. Alif nu ti tadi tunggon di luar rohangan nelenjeng asup ka jero. Ningali Risma nu ngadedempes, teu usik-usik. Alif hareugeueun. Kuring ngudupruk di sisi ranjang.
Mana horeng barang ningali Risma ngerelep, kuring kapiuhan. Sadar-sadar basa ngadenge sora adan panungtungan ngalanglaung di jero rohangan, ditema ku sora iqomah ku kacida halimpuna.  Sora Alif,  bapana budak kembar.
”Rismaaa...kumaha Risma?”, kuring sasambat.
”Alhamdulillah, salamet Ceu...”, Alif ngupahan kuring
Leungeunna ranggem kenca katuhu ngais orok beureum. Nembongkeun budi marahmay ka kuring nu gura-giru cengkat, haripeut ngabageakeun orok.
”Bulan, Bentang, geura salim ka Uwa”, Alif ngaharewos halon ka si jabang bayi.
Kuring imut leleb. Halimun di mumunggang gunung geus peuray. Aya cilak-cilak bentang tingkaretip sagedengeun bulan nu ngempray. Ciibun nu tiis rembes tina sela-sela hate, miripis mapay-mapay gumulungna rasa bagja dina dada kuring.

Bandung, 5 Agustus 2010

KALANGKANG HEULANG

Peujit karasa murilit,ngusial menta dieusian. Peurih. Awak dipurungkutkeun, ngarengkol jiga kuuk. Siku leungeun nunjel beuteung sangkan tong kukurubukan. Kahayang mah beuteung teh sing ngarti. Cik atuh ari peuting-peuting kieu mah ulah sok nungtut naon-naon. Da wayah kiwari mah lain waktuna barang hakan. Lamun aya hakaneun mah moal ieuh dikoretkeun dihakan ku kadut sorangan. Lain teu hayang barang hakan aing teh. Lain. Ari euweuh, rek ngahakan naon?
            Poe ieu ninggang disue. Kukurilingan di Alun-alun, halteu, pasar, euweuh jelema nu haat mikanyaah. Naha geus euweuh deui kitu jelema anu berehan? Anu daek tutulung ka jelema pantar aing? Padahal aing teh kurang kumaha pikawatireun. Padahal aing teh geus teu kuat nahan lapar. Duh, basa di halteu mah aya kuijid nenjo jelema. Aing ngasongkeun leungeun bari pupuntenan manan mere kalahka muncereng jeung ngagebes, “Halik, batur keur hareudang!”.
Dasar jelema cap jahe. Keked mengkene! Ari nenjo dedegan mah nyantri da make kopeah. Tapi naha nya teu nyaho adab? Beda jeung awewe geulis nu diuk di sisi jandela beus. Jigana keur ngalamun da panonna mencrong kanu jauh tapi teu puguh nu ditenjo. Beungeutna alum.kaciri ngalamun, basa srog ka gigireunana, manehna ngaranjug. Terus ngomong, “Punten”, biwirna embut saeutik tapi someah. Ngeunah karasana kana hate najan bari teu mere, padahal peujit karasa ngusial.
Mun dipikir-pikir, lain poe ieu wae aing sue. Geus ampir dua minggu tara beubeunangan. Kamari-kamari mah pedah sok meunang kadaharan. Lumayan urut-urut oge, tamba cangkeul gado. Tadi beurang , kuweh bulukan ge euweuh. Biasana si Enci Elling sok nunda roti bulukan hareupeun toko deukeut tempat runtah.Tapi tadi mah geus kapiheulaan ku anjing. Roti bulukan  geus  awur-awuran urut pangacakan anjing.
Kardus nu molongo direkepkeun. Angin henteu nyiwitan teuing. Ret ka gigireun. Duyeh, kerek nyegrek. Heesna ngarengkol. Leungeunna nu  katuhu nutupan borok  nu keur meumeujeuhna jiih dina palebah mumuncangan. Deukeut sukuna aya lamak meunang nyambung-nyambungkeun, panjang meueusan. Paranti ngabakutet borokna ari beurang. Teuing da si Duyeh mah mani nyaah pisan kana borokna, nu hese pisan cageurna.  Lain borok jijieunan saperti nu dilakukeun ku lolobana andar-andar.
“Yeh…Duyeh”, awakna ku kuring digeubig-geubig. Manehna ngulisik, terus malik. Nonggongan.
“Yeh…, hudang euy! Hayang henteu?”
Gorenjal Duyeh hudang. Diuk bari nyusutan biwir ku puhu leungeun.
“Hayang!, Boga naon euy?” Duyeh kumetap
“Dahar”, kuring gewat nonggong api-api nyumputkeun dahareun.
“Hayang atuh…Meunang ti mana?”, Duyeh nguniang, leungeunna ngarongkong, nyokot bungkusan. Barang dibuka, belewer bungkusan dialungkeun. Gombrang! Nenggar kaleng susu wadah receh paranti manehna baramaen. Barakatakak kuring seuri nikmat naker geus bisa ngalejokeun Duyeh ku mungkus batu  make kertas sangu menang mulung tina pangruntahan. 
Jelebet, teu antaparah Duyeh nonjok kana tonggong kuring. Teu karasa nanaon, pilakadar peureup leutik bari can kararaban sangu. Hengker taya tanagaan. Duyeh ngagoledag deui. Ramo leungeunna nu katuhu dirungkupkeun kana borokna. Kuring nyokot cempor nu ngalinceus katebak angin, meletet beakeun minyak. Cempor diangkat luhureun sirah Duyeh, hayang nyidikkeun geus sare atawa acan. Kahayang mah Duyeh ulah waka sare, ambeh kuring aya batur nyileuk.
            Awak Duyeh ngageter, napas ngahegak, dadana naek turun. Kadenge gingsreuk, cipanonna ngalembereh mapay pipi anu kanyos, curuk leungeun kencana digegel.
            “Kunaon Yeh? Naa…kitu-kitu wae..”, cekeng bari nunda cempor kana tempatna.
Duyeh nginghak bangun kanyenyerian. Kuring keuheul tapi sakaligus ngarasa hanjakal.
            “Yeh, eunggeus, ulah ceurik. Hampura we, pirakadar heureuy atuh”, cek kuring ngupahan.
            Duyeh henteu ngajawab. Cipanon disusut ku tungtung bajuna nu kuleuheu. Teuing sabaraha alam eta baju teu manggih cai, sarua jeung baju kuring. Bubuhan baju dines jeung baju sare teh ngahiji, ngan ieu nu rapet dina awak, ngan hiji-hijina.
            “Uing oge nyaho Aseng heureuy. Uing lain ceurik ku Aseng. Tapi inget ka jelema nu tadi beurang”, cek Duyeh sisimekkeun.
            “Na kunaon kitu?”, cek kuring rada atoh ngarasa leupas tina rasa salah.
            Memeh ngajawab Duyeh diuk. Leungeun katuhuna gugutrut, ngagaroan sisi-sisi borok nu humapur.
            “Eta aya pamuda, kasep meureun ti dituna mah. Buukna dikakawiran, make anting sabeulah, ceuli kenca. Leungeunna make geulang hideung jiga oray, meulit ampir nutupan pigeulang, ca…”, Duyeh calangap teu kebat neruskeun omonganana da kaburu ditempas ku kuring.
            “Heueuh, ari kitu kunaon?”, ceuk kuring teu sabar.
            “Eta weh nu matak kesel teh barang nenjo uing, manehna ngodok saku calanana. Ngaluarkeun duit lima rebuan, terus diasongkeun ka uing bari ngomong, “Yeuh mere, tapi kudu dipulangan”. Ku uing teu ditampanan, da uing mah boro-boro boga duit keur mulangan”
            “Terus kumaha? Bodo silaing mah, lain cokot we terus bejakeun ke dagoan heula kituh arek ditukeuran heula ka kenek atawa ka tukang dagang”, cek kuring manghanjakalkeun.
            “Ahh, boro-boro hayang nyokot uing mah. Nenjo beungeutna oge geuleuh nu aya. Duit nu diasong-asong teh, diabuskeun deui kana saku kaosna. Ngahaja ditoglengkeun”, Duyeh nyarita dareuda.
            “Heueuh, eunggeus tong diinget-inget. Kanyeri-nyeri hate”, cek kuring poho kana kalakuan sorangan.  Da matak teu bisa sare oge pan jaba ti ngararasakeun lapar teh  inget wae kana talajak jalma anu dipentaan tadi beurang.
            “Eta geura Seng, nu leuwih handeueul mah, aya budak awewe umurna kira-kira lima taun, ngarenghik ka indungna, “Mamah, itu pasihan, kalunya..”, terus nanya ka uing, “Lapalnya? Hoyong mamam?”, bari sirahna dengdek. Indungna ngaluarkeun dompet, ngusey neangan receh. Da katempo duitna galede. Terus ka uing mere saratus perak. Uing mani atoh, terus nyebut nuhun. Uing neangan deui nu sejen, susuganan jadi nambah. Ngan edas kacida sialna Seng. Basa uing nyukang di susukan, tali borok uing ngait kana patok awi. Uing tikudawet. Duit nu saratus tea mecleng kana susukan. Mangkaning eta susukan teh mani hideung da pacampur jeung cai koco. Uing ancrub neangan duit. Geus lila, lila pisan, duit teh angger teu kapanggih”, Duyeh ngarenghap nahan kahanjelu. Terus ngomong deui mani ngalimba, jiga nu hayang meakkeun rasa seueul nu ngaganjel dina hulu angen, “Lamun duit uing tea aya mah urang teh moal lapar teuing jiga kieu nya Seng. Da uing oge tadi teh ngadenge beuteung Aseng kukurubukan. Uing ge sarua lapar, can kaasupan naon-naon ti isuk”.
            Kuring ngaheruk, ngarasa hanjakal, karunya, jeung kagagas. Duyeh nu umurna kira-kira kakara 8 taun geus nyaho naon hartina tutulung. Kuring mah nu geus rada gede, geus boga umur, salila babarengan jeung Duyeh can ieuh ngarasa hayang mere. Da pamikir teh, boro-boro keur mere batur apan keur sorangan oge sakieu kuru cileuh kentel peujit.
            Heueuh nya, lamun nempo kana awak jeung umur mah kuring teh lain budak deui. Umur kuring mun bener itungan mah kira-kira 13 taunan. Matak pantes rada hese ayeuna mah menta dipikarunya ku batur. Komo pan waruga kuring mah walagri. Geus waktuna kudu mikir. Sabab moal salilana hirup ngandelkeun dipikarunya. Hirup kuring salila ieu salawasna namprakkeun leungeun bari lungas-lengis.
            Alus temen lamun ayeuna aing boga duit keur meuli payung. Keun wae payung urut oge. Loba nu ngajual payung urut di tungtung pasar Cipancar. Lamun usum hujan pan bisa jadi ojeg payung. Bisa ngajual jasa ku nyewakeun payung ka jalma anu kakara turun tina mobil atawa nu arek tumpak mobil. Heueuh alus! Si Sudin oge hasilna mucekil ladang nyewakeun payung teh, geus bisa meuli samping urut paranti simbut. Tapi pan payung teh kudu dibeuli. Ari meuli pan kudu make duit. Duit ti mana? Beuteung karasa ngurubuk deui, nyeuitna leuwih panjang. Seueul kacida.
            Ari rek kuli jangjang-jungjung di pasar, jelema teh tangtu moal percaya, da hengker. Awak kulanyin, kuru teh mani kana sirah-sirah. Kudu kumaha atuh nya? Ras inget kana kajadian opat taun katukang. Inget ka Bi Rasmi nu haat mikanyaah. Ngan hanjakal anakna reuay. Jadi lamun sakalieun aya dahareun th parebut. Kuring teu betah, komo basa anakna nu cikal nyangka kuring maling jidar. Duh nyeri hate, kuring ge nyaho ari jidar teh paranti ngagarisan. Ari kuring keur ngagarisan naon, pan sakola ge henteu.
            Ah, isuk mah rek nyobaan ngalamar ka pangumbahan mobil. Bisa meureun ari ngan saukur meresihan mobil anu dedeblog. Ngan eta meureun kudu kuat katiisan da pan sapopoena  guyang di cai. Keun wae ketang, rek dicobaan we.
            Geus manggih bongbolongan mah, dug sirah dikedengkeun gigireun Duyeh nu geus lila nyegrek. Awakna  katirisan, kaciri murungkut. Ku kuring dikekepan. Karasa ayeuna mah Duyeh teh dulur kuring. Dulur ngusahakeun hirup. Lamun ema jeung abah aya keneh mah meureun kuring teh moal ngalaman nasib nu jiga kieu. Meureun kuring oge boga adi nu sapantar jeung Duyeh, tapi henteu borokan jiga Duyeh. Breh, samar-samar kagambar roroesan leungeun ema basa kalentab caah Cimanggung. Teu lila Abah oge milu roroesan, teu hasil nyalametkeun ema. Kuring nelenjeng ka sisi cai, ngan kaburu aya nu newak. Dicekelan palebah cangkeng, pageuh pisan. Kuring teterejelan, bari ngahiung ceurik. Hayang milu ka ema jeung abah.
            Panon karasa panas. Aya cai nu ngagarendang dina kongkolak panon. Beuteung ngurubuk deui leuwih panjang jeung leuwih lila. Seueulna parat kana jajantung. Ah mending sare. Sugan isuk ditarima gawe di pangumbahan. Sugan menang duit keur meuli payung. Sugan bisa meuli dahareun keur kuring duaan. Kuring duaan? Heueuh, kuring jeung Duyeh dulur kuring.
            Jangjang peuting karasa panjang jeung mongkleng. Lain peuting peteng nu sarua jiga sasari. Tapi poek anu rata alatan mega meudeum nu ngagayot ku pihujaneun. Biasana tina sela-sela kardus, lamun pareng hese sare, sok katenjo cahya bulan. Caang marengan cempor nu ngalinceus katebak angin. Kasaksen ti mimiti bulan ukur sakotret, jiga halis nu melengkung, jiga lambey anu imut. Ti peuting ka peuting katangen nambahan pepel jadi bulan sapasi. Lila-lila jadi buled disebut bulan purnama. Nepi ka ahirna bulan ngiles taya tapak-tapakna acan. Kuring nu cunggelik maturan peuting. Tepi ka apal hawar-hawar naon wae mobil nu liwat luhureun jambatan, minangka hateup imah nu weweg geusan ngiuhan. Kuring apal sora tihang listrik nu ditakol ngabelentrang saban aya nu liwat jumarigjeg di jambatan paragi meuntas.
Tapi naha peuting ieu karasa beda? Pedah lapar kitu? Naha pan lain kakara kudu ngarasakeun lapar saperti kieu. Lamun ditengetan, hirup kuring ti saprak asruk-asrukan neangan parab, nyiruruk di mana wae nu kira-kira matak pikabetaheun. Eusi peujit teh teu sirikna ngandelkeun ka nu haat mikarunya. Naon wae nu bakal ngadatangkeun piduiteun dilakonan. Mapay tina baramaen, ngamen make kecrek nu dijieun tina tutup botol limun, mulungan cangkang roko, gelas atawa botol urut inumeun, balik deui jadi baramaen. Nu can dicobaan teh maling! Tapi najan kumaha oge kuring moal wasa kudu ceceremed, nyokot barang nu lain hak. Sanajan kuring lapar, sanajan kudu jogol jeung pati, cadu kudu madog komo ngarampog. Inget keneh kana papagah ema jeung abah, hirup teh teu gampang ujang, tapi lamun hayang gampang hirup hidep kudu jadi jelema pinter tur soleh. Harita mah teu pati ngarti kana naon nu diucapkeun ku abah lamun ngawurukan ngaji. Atawa dongeng ema lamun mepende samemeh sare. Loba pisan dongeng nu matak tibra sare.
Pris! Cai ngeclak kana pipi. Lain cipanon kuring. Tapi cihujan nu mimiti cluk-clak rembes tina mega anu beuneur. Beuki lila hujan beuki badag. Iris kana rangka kardus. Kuring mangku Duyeh, mindahkeun enggon sarena rada ka beulah juru. Ngarah tong kairisan. Tadi oge saacan hujan katingali katirisan Duyeh teh komo ayeuna hujan sakitu ngagebret. Kuring ngadedengekeun sora hujan anu karasa matak ketir. Lila-lila sora hujan kapireng jiga kawih nu ngageri midangdam nu lawas ilang. Kuring meureudeuy, asa-asa katingal ema gugupay, bari teu eureun ngagero, “baeu, kasep, anaking…”. Aya kalangkang nu ngajanteng gigireun, disidik-sidik jiga abah. Leungeun abah ngaragamang mangku kuring. Jiga kuring bieu mangku Duyeh. Haneut ditangkeup ku abah bari diparende, “Deudeuh Jalu, hayu isuk mah urang milu jeung abah nyusul ema”.
            Isukna kuring dihudangkeun ku Duyeh, digeubig-geubig. Jiga peuting tadi kuring ngageubig-geubig Duyeh. Tapi kuring teu ngulisik, tapi kuring teu ngarasa dihudangkeun ku Duyeh. Teu ngarasa digeubig-geubig ku Duyeh. Teu ngarasa lapar. Teu ngarasa naon-naon.

Bandung, 1 September 2010

BEURIT

Guprak! Belewer tas dialungkeun bari kocéak dengék. Birigidig-birigidig, taktakna ngabirigidid bari leungeunna tutunjuk kana tas nu ngalumbruk dina lante. Ngadenge nu jejeritan lanjangna nelenjeng nyampeurkeun bari sanduk-sanduk nalek aya naon. Tangtu ngarasa reuwas, kakara bieu uluk salam terus katingali asup ka kamar. Dadak sakala jejeritan bari can puguh nu jadi lantaran.

“Bi…Itu Bi! Dina tas aya si atah adol …enggal candak ka luar tasna…pangmiceunkeun!”

Reuwas ningali dunungan pakupis, paroman ngemu kasieun, Bi Warsih rampang-reumpeung, can pati jelas kudu dikumahakeun eta tas teh. Naha make kudu dipiceun sagala? Naha tasna atawa eusi tas nu teuing naon jeung naha make nyebut atah adol sagala kana tas nu sakitu alusna. Leuh, lebar temen tas nu teu tuah teu dosa kudu dipiceun sagala. Bi Warsih rikat mulung tas hideung nu ngalumbruk, seletingna muka, eusi tas sawareh balatak dina lante, murudul, racleng basa tas neumbag sisi ranjang basa dialungkeun sataker tanaga. Can oge ramo Bi Warsih tepi kana tali tas nu ngagapuy. Gorowok deui dununganana ngabejaan sangkan ati-ati. “Kade Bi…iyyy…kade leupas…”

Bi Warsih ngarengkog. Leuwih panasaran naon nu kade leupas sagala. Barang tas disuwaykeun. Katingali aya beurit leutik sagede bal tenis ngarengkol dina tas, matana herang, awakna ngadegdeg nenjo aya leungeun nu ngaragamang ngadeukeutan. Bi Warsih oge bakating ku reuwas mah milu ngagoak. Tapi sanajan sieun jeung geuleuh kapaksa tas teh dicokot terus  dibawa ka buruan. Beurit leutik teh dikoer ku gagang sapu, sina kaluar tina tas dununganana. Beurit murengked, gorehel nolol  tina tas, nirilik kana handapeun pot kembang suplir. Kokosehan neangan tempat panyumputan.

“Na…asa kacida teuing ieu mangkeluk teh make aya dina tas sagala..” Bi warsih kukulutus. Tas dikepruk-kepruk, bisi aya nu nyamuni deui.

“Atos Neng…Tos teu aya beuritna oge.” Bi Warsih ngasongkeun deui tas ka Suci.

“Hiiih…ka ditu!…ka ditukeun…” Suci ngabirigidig deui bari pakupis.
Bi Warsih tambah helok ningali kalakuan Suci. Kasebutna ka dunungan naon anu diparentahkeun tangtu kudu diturut. Kaluar ti kamar bari teu lemek deui, tas hideung dibawa bari dikeprik-keprik. Tas kameumeut Suci. Sanajan tas teh loba ngajajar dina lomari estuning teu sirikna unggal warna aya. Nu pulas hejo mah kantenan sababaraha rampasan. Minangka warna kasukana. Memang geus ilahar mun wanoja make papakean teh kudu sarwa nyurup, tina tas, sapatu, jeung warna baju. Paribasa ambeh ‘matching’. Malah mun hayang leuwih sampurna bros, anting, kangkalung oge lelepen,  jam tangan katut hape oge warnana kudu sarua. Dipasieup deui warna kosmetik nu diterapkeun dina kongkolak panon atawa lipen setip oge kudu warna nu sarua. Kakuduan nu ngalantarankeun riweuh sabab jadi loba pisan biayaaneun.

Tapi dibanding-banding jeung nu sejen Suci mah teu pati ningkah. Pan rencang damelna mah diselop oge ngajurungkunung, hak tinggi bari congona lancip. Matak inggis nu ningali, paur  tijalikeh. Rok span pondok, luhureun tuur. Kaluhur cukup dikameja potongan leungeun pondok nu lahak dada katut cowak palebah kerahna. Sabangsaning nu kuduna nyumput buni teh jadi nonggerak. Matak serab, matak resep nu ningali, utamana keur lalaki anu careraman. Teu kaop ningal nu mencrang.

Suci mah siger tengah, rumaja mangkak dewasa. Najan kasebutna geus mapan boga gawe, bisa hirup mandiri, jauh ti indung-bapa nu ayeuna aya di lembur. Pangala boga sorangan teu ieuh dipake royal kana make. Basajan wae. Tapi lain teu merhatikeun kana barang pake. Da sarua ceuk pikirna awewe mah ngajaga penampilan teh kapan modal nu teu weleh kudu diutamakeun. Harga diri teh apan lain ukur ditangtukeun ku batur nu ngajenan, tapi kudu muncul ti diri sorangan. Pan dina barang pake oge, make baju model nu kumaha bae, bisa nunjukkeun ajen diri nu makena.

Suci ngareureuhkeun kareuwas di kamar. Ngadaplok dina kasur. Hatena teu weleh hemeng. Mikiran naon nu jadi  lantaran aya beurit dina jero tasna. Memeh indit ngantor tas teh pan diriksakeun heula eusina. Nu aya dina jero tas dikaluarkeun, bari dientepkeun deui naon wae pangabutuh manehna bisi aya nu tinggaleun. Dompet aya tilu, nu hiji wadah receh, nu hiji tempat nunda hape, nu hiji deui dompet husus keur neundeun duit nu rada badag, maklum di kantor dipercaya jadi bendahara, juru bayar gaji pagawe. Diinget-inget deui, salila di kantor eta tas ditunda dina luhur meja. Pamohalan aya beurit sagala, da kaayaan kantor beresih. Teu loba pagilinggisik jeung karyawan sejen da rohangan gawena misah ti nu lian. Ruang husus bendahara. Paling-paling loba nu datang teh lamun waktuna babayar. Eta oge ngantri dina loket, kahalangan ku kaca satengah tangtung nu dikolowongkeun tengahna, melengkung sapas leungeun.

Beurit. Beurit nanahaon ujug-ujug aya dina tasna? Moal kitu beurit kajajaden? Boa lain beurit samanea. Gebeg, Suci ngarenjag. Inget deui ka Pa Misja. Satpam kolot nu tilu poe katukang datang rek  nginjeum duit kas kantor. Lain duit saeutik. Suci lain teu karunya ka Pa Misja. Tapi da ditingali tina struk gajihna geus euweuh deui potongeun lamun dibere deui nginjeum. Hutangna geus salaput hulu. Ningali warugana mah pikarunyaeun. Jaba geus kolot, jaba rea biayaaneun. Anak ti pamajikan nu kolot tilu sakolakeuneun, budak keur meumeujeuhna bilatung dulang. Anak ti pamajikan nu ngora hiji ge ririwit. Gering jeung gering wae kadengena teh sakitu umurna kakara tilu taun. Tapi da boga pancen nyekel duit kantor mah teu siga nyekel duit yayasan atawa panti jompo, nu kudu loba barang bere atawa sodakoh. Kudu puguh itung-itunganna. Lamun teu kitu pasti Suci nu katempuhan buntut maung. Tekor, kudu ngagantian pikeun nyumponan gajih pagawe.

Suci geus lapor ka dunungan oge ka bagian personalia. Sabenerna nu matak Pa Misja masih tetep dipake jadi satpam di kantor teh tinimbanganna pedah karunya. Da cacak teu karunya mah geus lila di-PHK. Tanaga geus euweuh pupurianeunna. Ari tetep dikukut kalahka riweuh ngangsonan sagala pangabutuhna. Suci lain jelema anu sulit ati. Tapi mikiran hirup Pa Misja sok jadi gemes jeung geregeten. Tuda teu gemes kumaha. Pa Misja mah ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed. Sakitu geus aki-aki tujuh mulud masih keneh hayang nyandung ka budak parawan jekekan. Kembang buruan nu keur meumeujeuhna murag bulu bitis. Atuh sanajan dikersakeun boga anak oge kalahka teu kaurus, budak manyin indung ginding, antukna budak jadi ririwit.  Kawantu bibit kalapa  kolot nyangsang dina taneuh penghar, najan jadi oge kalahka kena ku paribasa hirup teu neut, paeh teu hos.

Lenyap, Suci ngalenyap. Tunduh kagareuwahkeun ku ingetan kana pok-pokkan Pa Misja memeh indit ninggalkeun rohanganna. Satengah ngutruk, satengah ngancam ka dirina, halon tapi eces kadenge “Beurat birit, buntut kasiran, dasar buntut beurit!”, panon Pa Misja ngaburileng. Gusti! Boa ucap-ucapan Pa Misja teh lain ucap tanpa harti. Tapi supata pikeun nyumpahan kuring. Suci ngadegdeg. Ngarasa taram-taram manggih pakuat-pakaitna antara Pa Misja jeung beurit nu aya dina tasna. Tapi naon maksudna? Pa Misja ambek teu dibere nginjeum duit jeung beurit nu aya dina tas? Weleh teu manggih jawaban.

Lila-lila Suci ngarasa cape. Baluweng pikir teu bisa ngartikeun naon nu karandapan ku dirina. Reup peureum. Ngalelerkeun hate, ngalilipur dirina sangkan ulah kabaud ku pipikiran nu teu kahontal ku akal. Sabab kulak canggeum bagja awak pamikirna aya dina katangtuan Gusti Alloh. Suci dihenteu-henteu oge incu ajengan di lemburna. Henteu kosong ku elmu panemu jampe pamake sangkan hirup tingtrim ati, tinemu jeung bagja diri. Hirup nyorangan lain pedah can aya nu mileuleuheungkeun. Lain pedah euweuh nu naksir. Tapi hate can merean kudu mikir-mikir rarabi. Asa senang hirup sorangan. Kukumpul banda ladang kesang sorangan, jaba  dipake nyenangkeun awak, ditabungkeun dina rekening geus diniatan keur munggah haji, oge bisa ngiriman ka indung di lembur.

Pa Misja! Bener Pa Misja! Moal nyalahan deui, kitu gerentes hate Suci. Kacindekan hasil benangna ngalenyepan. Tapi pas eta kacindekan ditepikeun ka Wanti, batur sakantorna. Wanti teu panuju. “Ulah suudon ka batur! Ulah sagawayah, bisi kaasup pitenah. Taya hubungan antara beurit jeung Pa Misja. Abong kena ijid ka beurit ti keur budak, ayeuna keuheul ka Pa Misja, hayoh dipatalikeun jeung beurit. Eta mah beurit keur lapar, ngagalaksak ka mana karep. Coba inget-inget, harita dina tas pasti aya kadaharan atawa aya naon bae nu pikauruyeun sakadang beurit pikeun sukan-sukan dina jero tas.”, ceunah.  Wah, loba deui omongan Wanti nu murudul teu kawadahan. Tapi omongan Wanti dipikir-pikir ku Suci aya benerna. Bisa jadi eta beurit kasasar kana jero tasna pedah lapar neangan hakaneun.

“Awww…Aww! “ Suci ngoceak bari panon buncelik, leungeunna bieu antel kanu geunyal, buluan dina jero tasna. Moal salah, aya si atah adol deui nyumput dina tasna anu hejo. Juru bayar nu rek nampanan duit ti Suci milu ngarenjag, reuwas ngadenge Suci ngagowak. Pangacian Suci racleng. Sabagian batinna ngulawit ka alam katukang, Suci ceurik jejeritan di juru kelas. Herti batur sakelasna nu siga jalu, ngasong-ngasong beurit nyingnying dina leungeunna. “Moal naon-naon, da bageur...Moal ngegel, yeuh geura…” Herti teu malire kasieun Suci. Pangrasana pirakadar beurit nyingnying, teu matak gila, lucu nu aya.

Tilu poe ti kajadian manggihan beurit dina tas nu kadua kalina, Suci gilig, rek mere nginjeum duit ka Pa Misja. Kajeun duitna pribadi, lain duit kantor. Di henteu-henteu oge tetep bae kapikiran. Eta beurit lain beurit samanea. Beurit titahan Pa Misja, pikeun neror dirina. Duit tabungan haji mah pan moal bisa dicokot deui da geus dianggap harta fisabilillah, harta nu geus ulah dilieukkan deui da geus diniatan keur bajoang di jalan Alloh. Teu wani ngaganggu da ceunah sok aya matakna. Geuning geus loba kacaritakeun nu wani-wani nyokot teuteundeunan keur ongkos munggah haji mah sok aya wae tungtungna nu matak pikasieuneun. Lamun duit nyelang dibeulikeun heula mobil, mobilna tabrakan. Lamun duit dibeulikeun heula imah, imahna kaduruk. Kitu oge ceuk beja. Can kungsi ngabuktikeun sorangan da palias teuing.

Suci rido ngalesotkeun suweng jeung kangkalungna ka toko emas, asal bisa nyumponan pamenta Pa Misja. Nginjeumkeun duit ka Pa Misja sabenerna sarua jeung marabkeun hayam ka buhaya, ulah ngarep-ngarep bakal mulang deui. Da ku enyana atuh. Ka saha-saha, paribasa nginjeum, tapi cadu mayar. Leuheung basa lamun aya omongna, “Punten neda sarantos, teu acan tiasa nawur.” Pan ieu mah damang wae, jiga nu teu gaduh sambetan. Malah lamun aya nu wani nagih oge kalahka leuwih galak ti anu nagihna. Ceunah ari teu niat tutulung mah ulah sok wani-wani nginjeumkeun. Ari kudu mayar ayeuna keneh mah, sok wae peuncit yeuh Bapa, sugan payu dijual dagingna. Laaah, daging aki-aki, lanyed kitu mah bororaah  payu dijual. Barina oge daging jelema mah keur nanahaon.

Isuk-isuk keneh Suci geus saged. Duit geus diasupkeun kana amplop. Memeh miang eusi tas geus dientepkeun sakumaha biasa. Tas bulao tina bahan kulit nyurup jeung papakean geus dicangklekkeun kana puhu leungeun nu katuhu. Teu kacatur di jalanna. Suci geus nepi ka buruan kantor. Pa Misja ngajega di lawang rohang satpam, paroman teu pati berag. Suci teu loba mikir deui, langsung ngasongkeun amplop ka Pa Misja.

“Pa, artos abdi pribadi ieu mah, sanes artos kantor.”, Suci teu pati sumanget ngajelaskeun.

“Mangga. Nuhun. Nuhun pisan, Insyaallah, saenggalna digentosan”, Pa Misja haripeut nampanan amplop ti Suci.

Suci teu pati hayang loba cacarita. Da pastina oge, jangji Pa Misja nu sarua jiga kitu geus diucapkeun ka unggal jalma bari teu ngabukti. Suci lain eleh jajaten, pedah mere nginjeum duit kitu wae ka Pa Misja bari kudu ngajual barang nu dipikaresepna. Suci ngan hayang ngabuktikeun, yen pamikirna bener, Pa Misja neror dirina ku mahluk pikageuleuheun. Sugan wae ari geus dibere nginjeum duit mah hate Pa Misja leah. Suci leuwih milih korban harta daripada kudu susah hirup diteror ku beurit. Salian ti eta, Suci oge hayang poho ka Herti anu Bengal. Sabab lamun inget ka manehna sok terus inget ka beurit nyingnying. Rujit pisan, pikageuleuheun.

Teu leleda Suci neruskeun hanca gawe kamari. Komputer geus saheng siga seeng nyengsreng. Mendekul entri data duit kaluar jeung duit asup, ngitung debet-kredit, tutup bulan bahan laporan. Ngebul sirah Suci. Waktu istirahat geus kaliwat. Babaturan sapagawean ti tadi geus jul-jol ngajak ka kantin teu dipalire. Ukur kebat nyebut “Mangga we tipayun”, bari teu ngalieuk-lieuk acan. Poho kana lapar, beuki pogot kana pagawean. Panon manco kana layar monitor. Saeutik deui oge rengse. Tinggal ngecek jumlah ahir, diklopkeun jeung itungan samemehna. Cangkeul leungeun teu digugu, hayang buru-buru beres. Kawantu lapar kaliwat, kesang renung dina tarang. Tiisna beda, tiis camewek. Matak seueul kana angen. Ragamang leungeunna ngarampa tas bulao, niat rek nyokot tisu. Teu hese ngodok da geus nempat lebah-lebahna. Uyup-ayap bari panon tetep manco kana komputer. Leungeun Suci anu bodas ngadak-ngadak jadi pias tur ngeleter basa ngagilisir kanu keur cinutnut dina tasna. Suci ngoceak, panonna buncelik.


Bandung, 7 Oktober 2010