HALIMUN

  “Ceu hapunten Abdi. Tangtos Ceuceu uninga naon maksadna abdi ngadamel ieu serat. Masalah nu dipayunan ku abdi ayeuna tos teu tiasa dikadalikeun deui. Mugi Ceuceu tiasa neuleuman manah abdi. Salami ieu abdi tos nyobi ngajagi sagalana, supados teu aya masalah sapertos ayeuna. Kedah kumaha atuh abdi Ceu?  Ka Ceuceu abdi nyaah, ka pun bojo oge sami abdi nyaah. …”

Surat nu katampa masih keneh panjang, tapi kuring teu wasa macana. Tangtu manehna bakal nyaritakeun kapeurih jeung kahanjakal. Tangtu bakal hese poho ka kuring nu mikanyaah ka manehna. Bener kuring nyaah ka manehna. Teu bisa disisilihkeun. Parasaan nyaah hiji lanceuk kanu jadi adi, sok sanajan ka deungeun-deungeun. Umur kuring jeung manehna bedana tujuh taun. Kanyaah nu estu wening, teu kacampuran ku rasa sejen nu matak jadi pacogregan rumah tangga. Boh rumah tangga kuring, kitu deui rumah tangga manehna. Rasa nyaah nu didadasaran silih ajenan, silih tulungan dina kaayaan hate ihlas. 
Tapi geuning, abong manusa mah sok hese ngajugjugan hate, hese neuleuman rasa. Kanyaah teh baranahan jadi kaheman. Kaheman parucukan jadi kaasih. Kuring jeung manehna teu sirikna kena ku paribasa, jiga gula jeung peueut, di mana wae aya kuring, di dinya aya manehna. Kulawarga kuring geus nganggap dulur pituin. Dalah salaki kuring oge, percaya sagemblengna ka  manehna. Lamun sakalieun aya jugjugeun, salaki teu bisa nganteur, sok kalah ka nitah neang manehna. Atawa langsung nelepon, sanduk-sanduk menta hampura seja mihapekeun kuring ka manehna. Tangtu nu dipihapean, atoh kacida. Hal nu saperti kitu teh kaalaman basa manehna can rarabi.
Surat nu tadi ngagoler dina ranjang, ditilepan. Bus, diselapkeun dina tengah AlQuran  hanca ngaji tadi samemeh maca surat. Cipanon ngalembereh, inget ka adi nu geus teu aya dikieuna. Adi lalaki nu dipikanyaah, Bageur tur soleh. Tara loba kahayang, taya codeka ka dulur awewe. Adi nu bisa dijadikeun batur pakumaha. Pangawakan jangkung, beresih tur berseka. Sampulur, matak resep nu ningali. Kuring nu jadi lanceukna sok reueus, lamun aya babaturan awewena nu nitip salam. ”Ceu, salam kanggo A Nazar..” Da teu ngabibisani, cacak lain ka adi jigana kuring oge bakal kabongbroy. Resep ku eraan jeung kalemna, tara rea omong. Hanjakal dikersakeun pondok umur. Katarajang kasakit Hepatitis C, nu mangsa harita kakara mimiti narekab jeung can kapaluruh naon piubareunana. Pangaresepna kana meng bal. Estu bentang lapangan. Dina tiap ngadu meng bal, pasti Nazar nyetak gol. Cipanon, murubut maseuhan pipi. Teu kaampeuh kuring nyegruk bari nalungkup kana bantal. Adi kuring anu kasep, Nazar, moal bisa aya gantina.
Ngarahuh jiwa kuring nyorang tanjakan. Najan lungse, najan mopo, mumunggang kudu kasorang. Halimun nu ngalimpud, estu matak poekeun pikir. Bari ningnang, bari ringrang, lengkah tetep dilakonan. Halimun nu ngarungkup teu beda ti panang gaib, nu nyangkalak dina jalan pasampangan, karimbun nu nyumputkeun rasa teuneung turta rasa ludeung. Hhhhmmm.... humandeuar hate nu pangleutikna, babagian diri nu pangjerona. Halimun...halimun....
Gebeg kuring kagebah ku sora nu atra dina ceuli. Sora adi kuring nu geus miheulaan nganjang ka alam pawenangan. ”Ceu, ulah sedih, lebar citangis, mending geura abdas. Enggal geura solat!” Kuring cengkat laju turun tina ranjang. Ngojengkang ka kamar mandi, niat rek nyokot wudhu. Gesut solat Isa. Diteruskeun ku solat hajat, menta ditenangkeun hate, menta dibukakeun lawang keur jalan kaluar tina rurudet hate.
Ret deui kana AlQuran, keretas nu nyelip di tengahna dikaluarkeun. Surat panjang ti Alif. Surat nu can anggeus dibaca. Sanajan can tamat, kuring geus bisa neguh naon eusina. Surat nu ngebrehkeun kapeurih ati Alif, saprak pamajikanna nyaho Alif deukeut jeung kuring. Alif teu nyangka pamajikanna galak timburu. Alif teu bisa kumaha, sabab rumasa kanyaahna ka kuring katungtungnakeun memang geus hese ngabedakeun antara kanyaah nu jadi adi ka lanceuk jeung  kanyaah hiji lalaki ka awewe. Alif wakca leungiteun kuring. Alif kapaksa milih teu bisa amprok deui jeung kuring pikeun nyalametkeun rumah tanggana, oge nyalametkeun hatena nu rajet basa pamajikannana ngagogoreng kuring. Pamajikan Alif katangka ngancam rek unggah bale watangan nungtut kuring salaku awewe nu ngaganggu katingtriman rumah tanggana tur ngahucuhkeun kana laku maksiat. Kitu pamikir pamajikanna nu hese pisan dilelemu.
Amprok jeung Alif lain kakara. Alif teh sobat dalit Nazar keur jaman sakola SMA. Henteu matak heran sabenerna lamun Alif idek liher di imah kuring. Harita kuring masih kuliah, masih lalagasan keneh. Nu matak helok, Alif jeung Nazar tanggal lahirna sarua, tanggal 12 Januari. Sok diulangtaunkeun teh ku tiluan we. Kuring nu geus kuliah di luar kota, sok ngahajakeun balik heula ka lembur. Tiluan ngahaja lalajo di bioskop, balikna jajan mi ayam atawa martabak telor. Huhujanan bari lulumpatan ngudag angkot nu geus jarang kapeutingnakeun. Nazar jeung Alif pinter ngagitar. Kuring bagean nu ngahaleuangna. Tatangga geus apal deui, tiluan geus jiga dulur pet ku hinis. Teu ieuh ngarasa era lamun hiji waktu kuring aya perlu, Nazar teu bisa nganteur, nya Alif nu nganteur.
Alif sakumaha Nazar, apal kana kabiasaan kuring, kana karesep kuring, oge kana sagala kaunggulan jeung kakurangan kuring, Alif oge apal kana kasakit kuring. Ti leuleutik, kuring ririwit. Babari gering. Teu kaop cape saeutik, sok langsung nombro. Ceunah ilaharna nu diasuh ku nini sok katerap leumpeuh yuni, teu kaop kagetrik, sok ngulahek kapiuhan. Babakuna mun manggih kareuwas sok dadak sakala ngalenggerek. Komo lamun ningali getih, sok langsung ngaleketey. Kasakit nu ku kolot baheula  sok disebut telu baraja.
***
Duh, naha bet kieu? Kuring ngarahuh deui. Ambekan karasa ngahegak, dada renghap ranjug. Lungse saawak-awak. Kesang tiis ngoprot, ngagarajag tina tonggong. Kakara oge rek kaluar ti kelas. Dina lawang panto, kaburu poek titingalan. Leng...kuring kapiuhan. Teu inget di bumi alam. Eling-eling basa karasa aya nu ngusapan peupeuteuyan. Seungit kolonyo nyegak kana irung. Kuring ngeureunceum. Bray katingal aya nu diuk gigireun. Ceu Ati, tapis ngarampa taar, diceuceuhan ku kolonyo. Geuning kuring aya di ruang UKS. Aya nu nangtung na tunjangeun. Horeng Alif?!
Leler deui. Pangacian kumpul deui. Ceu Ati kaluar ti ruangan rek neang Bah Ihin panjaga sakola, sina mangnyieunkeun citeh amis. Alif diuk gigireun.
”Naha Alif aya di dieu?”
”Muhun, tadi ditelepon ku Akang, piwarang ka sakola, Ceuceu udur saurna. Akang nuju nampi tamu di kantor teu tiasa dikantunkeun. Numawi miwarang abdi.”
”Pan cenah Alif moal tiasa tepang deui sareng Ceuceu?”
”Kitu pisan niat mah. Tapi da nguping Ceuceu teu damang, piraku ngantep.”
”Ooh, kapaksa atuh nya?”
”Ah, henteu. Kasempetan malah kanggo abdi mah.”, biwir Alif ngarenyu kaciri imut maur.
”Nuhun. Katampi perhatosanna. Engke deui mun dipiwarang ku Akang, wios nolak we. Daripada Alif kasiksa. Komo mun tuang rayi uninga, pisakumahaeun teuing benduna.”
”Moal Ceu, moal nolak. Pun bojo oge, moal bendu”
”Naha?”
”Atos dijelaskeun ka pun bojo, Ceuceu teh estuning sagala-galana kanggo abdi. Lanceuk awewe anu bageur. Anu mikanyaah ka abdi. Malih pun biang oge ngiring ngabantos ngajelaskeun. Saha Ceuceu, saha abdi sateuacan ngadahup ka anjeunna. Memang abdi lepat, teu nyarios kaanjeunna, perkawis Ceuceu. Teu nepangkeun anjeunna ka Ceuceu. Kumargi tebih tea.”
”Muhun. Iraha atuh bade diajak nganjang ka Ceuceu?”
”Ke sakedap deui pami anjeunna tos jagjag.”
”Naha kunaon?” kuring reuwas kacida nampa beja sarupa kitu.
”Oh..he he..nuju mabok...nuju ngandeg  dua sasih langkung...”
Kuring kacida bagjana. Cipanon, merebey deui. Bungah ku itu-ku ieu. Bungah lain bobohongan. Alif geus bisa ngungkulan dodoja rumah tanggana. Geus bisa ngabebaskeun kuring tina sak wasangka pamajikanna. Ngaran kuring geus kabaud  nimbulkeun riributan dina waktu nu kuduna oleng panganten. Ayeuna Alif rek jadi bapa. Aya nu bakal neruskeun tapak lacakna dina kahirupan. Anak Alif tangtu kasebutna anak kuring oge. Nu bakal nyebut Uwa ka kuring.
Sakapeung sok rada hemeng mun ngararasakeun kasakit dina diri. Boa-boa kuring gabug teh kulantaran teu payaan. Taun-taun hirup rumah tangga jeung si Akang can dipercaya boga anak. Lain teu usaha. Tatamba ka ditu ka dieu. Geus ku jalan medis atawa ku cara batin. Tapi weleh can kaparengan. Ubar kampung mah komo deui. Dalah kumaha, kahayang ngan ngancik jadi kahayang. Anyaran kawin mah sok rajeun pisan jadi bahan riributan jeung salaki. Tapi kadieunakeun mah geus bisa narimakeun diri. Da numutkeun pamariksaan mah boh kuring, boh akang sarua pada-pada sehat. Mana kitu oge can waktuna boga anak.
Kulutrak panto aya nu muka bareng jeung sora uluk salam. Pasti Alif. Da kitu kabiasaanna. Mun tamu sejen mah uluk salam teh di luareun panto, nungguan nu boga imah mukakeun panto. Geus henteu natamu, bubuhan tamu matuh geus teu kagok blas-blus ka jero imah.  Kuring nunda majalah nu keur dibaca. Kaca panungtung. Alif jeung pamajikanna nangtung hareupeun. Leungeunna nyolongkrong ngajak sasalaman. Kuring narima leungeun hiji awewe geulis, imut anteb semu era,”Nepangkeun Ceu, abdi Risma.” Kuring ngagabrug, nangkeup Risma.
”Deudeuh Geulis, adi Ceuceu...”, kuring hujan cimata dadak sakala.
”Hapunten, abdi Ceu..”
”Henteu, henteu lepat. Hapunten, Ceuceu harita nuju opname, janten teu tiasa ngahadiran  hidep nikah. Tuda tebih deuih nya tempatna. Akangna oge teu tiasa angkat, da kemit di rumah sakit.” kuring nyarita rada panjang.
Geus kitu mah obrolan manjang kana sagala rupa. Bari pakpikpek nyayagikeun susuguh. Kuring geus biasa nyayagikeun sagala rupa ku sorangan. Teu boga lanjang nu maturan di imah. Pagawean di imah katangkes ku sorangan. Da teu boga anak tea, teu boga kaulaaneun. Pilakadar ngurus salaki, bari teu cawadan. Sagala rupa nu diasongkeun tara aya nu ditolak. Babari mupujukeunna. Imah kosong lamun ti beurang. Kuring indit ngajar ka sakola, salaki ngantor. Pabeubeurang kuring geus aya di imah deui. Nungguan salaki balik bisa nyeuseuh, gegeroh ngumbah wadah, ngaleot, oge masak. Teu ieuh matak cape da pagawean sapopoe tur migawena nyalse.
Risma ayeuna mah sok rajeun datang. Poe Saptu atawa Ahad. Kalan-kalan datang poe Saptu terus meuting, mulang deui poe Ahad, lamun kaparengan Alif tugas ka luar kota. Kuring atoh, ngarasa aya batur. Asa kabita ningali Risma nu bureuyeung. Bisa nuduhkeun yen dirina awewe sampurna nu bisa jadi lahan tatanen anu subur pikeun tangkal kahirupan. Kuring tetep gede harepan, hiji waktu bisa ngalaman beukah beuteung jiga Risma. Moal, moal leutik pangharepan. Risma bisa mihapekeun diri. Tara ieuh ogo menta dikaulaan. Malah lamun kuring keur aya di dapur, Risma sok pipilueun mantuan sabisa-bisa. Ngan ku kuring dicarek. Mangpaurkeun bisi tiseureuleu atawa kuma onam.
Ayeuna bulan alaeun. Risma geus jarang datang ka imah. Paur di jalanna. Kuring ganti anu nganjang. Mimiti kukumpul keur ngabageakeun si jabang bayi. Popok, gurita, simbut, jeung sabangsaning kaperluan orok. Kuring resep milu sasadiaan. Mun waktuna dipariksa ka bidan, Alif teu bisa nganteur, nya kuring anu nganteur. Risma ka kuring geus teu asa-asa. Teu sirikna nganggap ka lanceuk sorangan. Kuring nya kitu deui, gulangkep, ngaku adi ka Alif jeung ka Risma teh.
Basa Risma adu regeng nandonkeun nyawa keur ngaborojolkeun si jabang bayi. Kuring nu ngemitan. Ketir ningalina. Sok komo kuring mah can ngalaman ngajuru. Rampang-reumpeung, teu puguh cabak. Risma muntang tipepereket kana pigeulang kuring. Ku kuring digedekeun hatena, ditungtun maca istigfar. Kuring babacaan sabisa-bisa. Ditompokeun kana ceulina, bari diusapan sirahna. Can waktuna, kakara pembukaan dua, masih ngantos dawuh ceuk Bu Bidan mere tangara. Kuring ngusapan tonggong Risma nu humaregung. Bari teu weleh, ngembeng cimata. Gusti, geuning kieu nu jadi indung belapati ka buah ati. Kuring nu teu nyaho dirupa indung ti leuleutik. Indung nu perlaya basa bajoang ngababarkeun adi kuring, Nazar. Kuring jeung Nazar nu digedekeun ku nini jeung aki. Karasa pisan kanyaah indung nu jadi tutungkusan kalbu. Indung teh minangka batara landung kandungan, batari laer aisan. Kajeun nebus kahirupan nu jadi anak ku nyawa dirina.
Basa si utun inji bijil. Orok ngagoar ceurik. Diburu ku juru rawat, dibungkus ku kaen terus diberesihan. Risma ngalehleh. Taya tanaga pikeun ngaheujeunkeun hiji deui nu aya dijero beuteungna. Kembar! Aya keneh jabang bayi dina beuteung Risma nu nerejel hayang kaluar. Risma mehmehan kapiuhan. Ku kuring ditepok-tepok pipina. Sina eling. Bari terus didorong sumangetna keur ngaheujeun. Brol, si utun inji hiji deui, teu sirikna ti dederegeng. Teu cukup sakitu masih aya keneh nu kudu diheujeunkeun, nyaeta babantal si utun inji nu sok disebut bali. Pangcalikan nu mungkus cai tempat ngojay utun inji, nu ngantengkeun tali puseur kana udel. Sakali deui Risma ngaheujeun. Beda jeung nu dua tadi, nu ieu mah kaluarna dibarengan nyebrot  getih. Risma ngoceak,  guyang getih. Alif nu ti tadi tunggon di luar rohangan nelenjeng asup ka jero. Ningali Risma nu ngadedempes, teu usik-usik. Alif hareugeueun. Kuring ngudupruk di sisi ranjang.
Mana horeng barang ningali Risma ngerelep, kuring kapiuhan. Sadar-sadar basa ngadenge sora adan panungtungan ngalanglaung di jero rohangan, ditema ku sora iqomah ku kacida halimpuna.  Sora Alif,  bapana budak kembar.
”Rismaaa...kumaha Risma?”, kuring sasambat.
”Alhamdulillah, salamet Ceu...”, Alif ngupahan kuring
Leungeunna ranggem kenca katuhu ngais orok beureum. Nembongkeun budi marahmay ka kuring nu gura-giru cengkat, haripeut ngabageakeun orok.
”Bulan, Bentang, geura salim ka Uwa”, Alif ngaharewos halon ka si jabang bayi.
Kuring imut leleb. Halimun di mumunggang gunung geus peuray. Aya cilak-cilak bentang tingkaretip sagedengeun bulan nu ngempray. Ciibun nu tiis rembes tina sela-sela hate, miripis mapay-mapay gumulungna rasa bagja dina dada kuring.

Bandung, 5 Agustus 2010