
Poe ieu ninggang disue. Kukurilingan di Alun-alun, halteu, pasar, euweuh jelema nu haat mikanyaah. Naha geus euweuh deui kitu jelema anu berehan? Anu daek tutulung ka jelema pantar aing? Padahal aing teh kurang kumaha pikawatireun. Padahal aing teh geus teu kuat nahan lapar. Duh, basa di halteu mah aya kuijid nenjo jelema. Aing ngasongkeun leungeun bari pupuntenan manan mere kalahka muncereng jeung ngagebes, “Halik, batur keur hareudang!”.
Dasar jelema cap jahe. Keked mengkene! Ari nenjo dedegan mah nyantri da make kopeah. Tapi naha nya teu nyaho adab? Beda jeung awewe geulis nu diuk di sisi jandela beus. Jigana keur ngalamun da panonna mencrong kanu jauh tapi teu puguh nu ditenjo. Beungeutna alum.kaciri ngalamun, basa srog ka gigireunana, manehna ngaranjug. Terus ngomong, “Punten”, biwirna embut saeutik tapi someah. Ngeunah karasana kana hate najan bari teu mere, padahal peujit karasa ngusial.
Mun dipikir-pikir, lain poe ieu wae aing sue. Geus ampir dua minggu tara beubeunangan. Kamari-kamari mah pedah sok meunang kadaharan. Lumayan urut-urut oge, tamba cangkeul gado. Tadi beurang , kuweh bulukan ge euweuh. Biasana si Enci Elling sok nunda roti bulukan hareupeun toko deukeut tempat runtah.Tapi tadi mah geus kapiheulaan ku anjing. Roti bulukan geus awur-awuran urut pangacakan anjing.
Kardus nu molongo direkepkeun. Angin henteu nyiwitan teuing. Ret ka gigireun. Duyeh, kerek nyegrek. Heesna ngarengkol. Leungeunna nu katuhu nutupan borok nu keur meumeujeuhna jiih dina palebah mumuncangan. Deukeut sukuna aya lamak meunang nyambung-nyambungkeun, panjang meueusan. Paranti ngabakutet borokna ari beurang. Teuing da si Duyeh mah mani nyaah pisan kana borokna, nu hese pisan cageurna. Lain borok jijieunan saperti nu dilakukeun ku lolobana andar-andar.
“Yeh…Duyeh”, awakna ku kuring digeubig-geubig. Manehna ngulisik, terus malik. Nonggongan.
“Yeh…, hudang euy! Hayang henteu?”
Gorenjal Duyeh hudang. Diuk bari nyusutan biwir ku puhu leungeun.
“Hayang!, Boga naon euy?” Duyeh kumetap
“Dahar”, kuring gewat nonggong api-api nyumputkeun dahareun.
“Hayang atuh…Meunang ti mana?”, Duyeh nguniang, leungeunna ngarongkong, nyokot bungkusan. Barang dibuka, belewer bungkusan dialungkeun. Gombrang! Nenggar kaleng susu wadah receh paranti manehna baramaen. Barakatakak kuring seuri nikmat naker geus bisa ngalejokeun Duyeh ku mungkus batu make kertas sangu menang mulung tina pangruntahan.
Jelebet, teu antaparah Duyeh nonjok kana tonggong kuring. Teu karasa nanaon, pilakadar peureup leutik bari can kararaban sangu. Hengker taya tanagaan. Duyeh ngagoledag deui. Ramo leungeunna nu katuhu dirungkupkeun kana borokna. Kuring nyokot cempor nu ngalinceus katebak angin, meletet beakeun minyak. Cempor diangkat luhureun sirah Duyeh, hayang nyidikkeun geus sare atawa acan. Kahayang mah Duyeh ulah waka sare, ambeh kuring aya batur nyileuk.
Awak Duyeh ngageter, napas ngahegak, dadana naek turun. Kadenge gingsreuk, cipanonna ngalembereh mapay pipi anu kanyos, curuk leungeun kencana digegel.
“Kunaon Yeh? Naa…kitu-kitu wae..”, cekeng bari nunda cempor kana tempatna.
Duyeh nginghak bangun kanyenyerian. Kuring keuheul tapi sakaligus ngarasa hanjakal.
“Yeh, eunggeus, ulah ceurik. Hampura we, pirakadar heureuy atuh”, cek kuring ngupahan.
Duyeh henteu ngajawab. Cipanon disusut ku tungtung bajuna nu kuleuheu. Teuing sabaraha alam eta baju teu manggih cai, sarua jeung baju kuring. Bubuhan baju dines jeung baju sare teh ngahiji, ngan ieu nu rapet dina awak, ngan hiji-hijina.
“Uing oge nyaho Aseng heureuy. Uing lain ceurik ku Aseng. Tapi inget ka jelema nu tadi beurang”, cek Duyeh sisimekkeun.
“Na kunaon kitu?”, cek kuring rada atoh ngarasa leupas tina rasa salah.
Memeh ngajawab Duyeh diuk. Leungeun katuhuna gugutrut, ngagaroan sisi-sisi borok nu humapur.
“Eta aya pamuda, kasep meureun ti dituna mah. Buukna dikakawiran, make anting sabeulah, ceuli kenca. Leungeunna make geulang hideung jiga oray, meulit ampir nutupan pigeulang, ca…”, Duyeh calangap teu kebat neruskeun omonganana da kaburu ditempas ku kuring.
“Heueuh, ari kitu kunaon?”, ceuk kuring teu sabar.
“Eta weh nu matak kesel teh barang nenjo uing, manehna ngodok saku calanana. Ngaluarkeun duit lima rebuan, terus diasongkeun ka uing bari ngomong, “Yeuh mere, tapi kudu dipulangan”. Ku uing teu ditampanan, da uing mah boro-boro boga duit keur mulangan”
“Terus kumaha? Bodo silaing mah, lain cokot we terus bejakeun ke dagoan heula kituh arek ditukeuran heula ka kenek atawa ka tukang dagang”, cek kuring manghanjakalkeun.
“Ahh, boro-boro hayang nyokot uing mah. Nenjo beungeutna oge geuleuh nu aya. Duit nu diasong-asong teh, diabuskeun deui kana saku kaosna. Ngahaja ditoglengkeun”, Duyeh nyarita dareuda.
“Heueuh, eunggeus tong diinget-inget. Kanyeri-nyeri hate”, cek kuring poho kana kalakuan sorangan. Da matak teu bisa sare oge pan jaba ti ngararasakeun lapar teh inget wae kana talajak jalma anu dipentaan tadi beurang.
“Eta geura Seng, nu leuwih handeueul mah, aya budak awewe umurna kira-kira lima taun, ngarenghik ka indungna, “Mamah, itu pasihan, kalunya..”, terus nanya ka uing, “Lapalnya? Hoyong mamam?”, bari sirahna dengdek. Indungna ngaluarkeun dompet, ngusey neangan receh. Da katempo duitna galede. Terus ka uing mere saratus perak. Uing mani atoh, terus nyebut nuhun. Uing neangan deui nu sejen, susuganan jadi nambah. Ngan edas kacida sialna Seng. Basa uing nyukang di susukan, tali borok uing ngait kana patok awi. Uing tikudawet. Duit nu saratus tea mecleng kana susukan. Mangkaning eta susukan teh mani hideung da pacampur jeung cai koco. Uing ancrub neangan duit. Geus lila, lila pisan, duit teh angger teu kapanggih”, Duyeh ngarenghap nahan kahanjelu. Terus ngomong deui mani ngalimba, jiga nu hayang meakkeun rasa seueul nu ngaganjel dina hulu angen, “Lamun duit uing tea aya mah urang teh moal lapar teuing jiga kieu nya Seng. Da uing oge tadi teh ngadenge beuteung Aseng kukurubukan. Uing ge sarua lapar, can kaasupan naon-naon ti isuk”.
Kuring ngaheruk, ngarasa hanjakal, karunya, jeung kagagas. Duyeh nu umurna kira-kira kakara 8 taun geus nyaho naon hartina tutulung. Kuring mah nu geus rada gede, geus boga umur, salila babarengan jeung Duyeh can ieuh ngarasa hayang mere. Da pamikir teh, boro-boro keur mere batur apan keur sorangan oge sakieu kuru cileuh kentel peujit.
Heueuh nya, lamun nempo kana awak jeung umur mah kuring teh lain budak deui. Umur kuring mun bener itungan mah kira-kira 13 taunan. Matak pantes rada hese ayeuna mah menta dipikarunya ku batur. Komo pan waruga kuring mah walagri. Geus waktuna kudu mikir. Sabab moal salilana hirup ngandelkeun dipikarunya. Hirup kuring salila ieu salawasna namprakkeun leungeun bari lungas-lengis.
Alus temen lamun ayeuna aing boga duit keur meuli payung. Keun wae payung urut oge. Loba nu ngajual payung urut di tungtung pasar Cipancar. Lamun usum hujan pan bisa jadi ojeg payung. Bisa ngajual jasa ku nyewakeun payung ka jalma anu kakara turun tina mobil atawa nu arek tumpak mobil. Heueuh alus! Si Sudin oge hasilna mucekil ladang nyewakeun payung teh, geus bisa meuli samping urut paranti simbut. Tapi pan payung teh kudu dibeuli. Ari meuli pan kudu make duit. Duit ti mana? Beuteung karasa ngurubuk deui, nyeuitna leuwih panjang. Seueul kacida.
Ari rek kuli jangjang-jungjung di pasar, jelema teh tangtu moal percaya, da hengker. Awak kulanyin, kuru teh mani kana sirah-sirah. Kudu kumaha atuh nya? Ras inget kana kajadian opat taun katukang. Inget ka Bi Rasmi nu haat mikanyaah. Ngan hanjakal anakna reuay. Jadi lamun sakalieun aya dahareun th parebut. Kuring teu betah, komo basa anakna nu cikal nyangka kuring maling jidar. Duh nyeri hate, kuring ge nyaho ari jidar teh paranti ngagarisan. Ari kuring keur ngagarisan naon, pan sakola ge henteu.
Ah, isuk mah rek nyobaan ngalamar ka pangumbahan mobil. Bisa meureun ari ngan saukur meresihan mobil anu dedeblog. Ngan eta meureun kudu kuat katiisan da pan sapopoena guyang di cai. Keun wae ketang, rek dicobaan we.
Geus manggih bongbolongan mah, dug sirah dikedengkeun gigireun Duyeh nu geus lila nyegrek. Awakna katirisan, kaciri murungkut. Ku kuring dikekepan. Karasa ayeuna mah Duyeh teh dulur kuring. Dulur ngusahakeun hirup. Lamun ema jeung abah aya keneh mah meureun kuring teh moal ngalaman nasib nu jiga kieu. Meureun kuring oge boga adi nu sapantar jeung Duyeh, tapi henteu borokan jiga Duyeh. Breh, samar-samar kagambar roroesan leungeun ema basa kalentab caah Cimanggung. Teu lila Abah oge milu roroesan, teu hasil nyalametkeun ema. Kuring nelenjeng ka sisi cai, ngan kaburu aya nu newak. Dicekelan palebah cangkeng, pageuh pisan. Kuring teterejelan, bari ngahiung ceurik. Hayang milu ka ema jeung abah.
Panon karasa panas. Aya cai nu ngagarendang dina kongkolak panon. Beuteung ngurubuk deui leuwih panjang jeung leuwih lila. Seueulna parat kana jajantung. Ah mending sare. Sugan isuk ditarima gawe di pangumbahan. Sugan menang duit keur meuli payung. Sugan bisa meuli dahareun keur kuring duaan. Kuring duaan? Heueuh, kuring jeung Duyeh dulur kuring.
Jangjang peuting karasa panjang jeung mongkleng. Lain peuting peteng nu sarua jiga sasari. Tapi poek anu rata alatan mega meudeum nu ngagayot ku pihujaneun. Biasana tina sela-sela kardus, lamun pareng hese sare, sok katenjo cahya bulan. Caang marengan cempor nu ngalinceus katebak angin. Kasaksen ti mimiti bulan ukur sakotret, jiga halis nu melengkung, jiga lambey anu imut. Ti peuting ka peuting katangen nambahan pepel jadi bulan sapasi. Lila-lila jadi buled disebut bulan purnama. Nepi ka ahirna bulan ngiles taya tapak-tapakna acan. Kuring nu cunggelik maturan peuting. Tepi ka apal hawar-hawar naon wae mobil nu liwat luhureun jambatan, minangka hateup imah nu weweg geusan ngiuhan. Kuring apal sora tihang listrik nu ditakol ngabelentrang saban aya nu liwat jumarigjeg di jambatan paragi meuntas.
Tapi naha peuting ieu karasa beda? Pedah lapar kitu? Naha pan lain kakara kudu ngarasakeun lapar saperti kieu. Lamun ditengetan, hirup kuring ti saprak asruk-asrukan neangan parab, nyiruruk di mana wae nu kira-kira matak pikabetaheun. Eusi peujit teh teu sirikna ngandelkeun ka nu haat mikarunya. Naon wae nu bakal ngadatangkeun piduiteun dilakonan. Mapay tina baramaen, ngamen make kecrek nu dijieun tina tutup botol limun, mulungan cangkang roko, gelas atawa botol urut inumeun, balik deui jadi baramaen. Nu can dicobaan teh maling! Tapi najan kumaha oge kuring moal wasa kudu ceceremed, nyokot barang nu lain hak. Sanajan kuring lapar, sanajan kudu jogol jeung pati, cadu kudu madog komo ngarampog. Inget keneh kana papagah ema jeung abah, hirup teh teu gampang ujang, tapi lamun hayang gampang hirup hidep kudu jadi jelema pinter tur soleh. Harita mah teu pati ngarti kana naon nu diucapkeun ku abah lamun ngawurukan ngaji. Atawa dongeng ema lamun mepende samemeh sare. Loba pisan dongeng nu matak tibra sare.
Pris! Cai ngeclak kana pipi. Lain cipanon kuring. Tapi cihujan nu mimiti cluk-clak rembes tina mega anu beuneur. Beuki lila hujan beuki badag. Iris kana rangka kardus. Kuring mangku Duyeh, mindahkeun enggon sarena rada ka beulah juru. Ngarah tong kairisan. Tadi oge saacan hujan katingali katirisan Duyeh teh komo ayeuna hujan sakitu ngagebret. Kuring ngadedengekeun sora hujan anu karasa matak ketir. Lila-lila sora hujan kapireng jiga kawih nu ngageri midangdam nu lawas ilang. Kuring meureudeuy, asa-asa katingal ema gugupay, bari teu eureun ngagero, “baeu, kasep, anaking…”. Aya kalangkang nu ngajanteng gigireun, disidik-sidik jiga abah. Leungeun abah ngaragamang mangku kuring. Jiga kuring bieu mangku Duyeh. Haneut ditangkeup ku abah bari diparende, “Deudeuh Jalu, hayu isuk mah urang milu jeung abah nyusul ema”.
Isukna kuring dihudangkeun ku Duyeh, digeubig-geubig. Jiga peuting tadi kuring ngageubig-geubig Duyeh. Tapi kuring teu ngulisik, tapi kuring teu ngarasa dihudangkeun ku Duyeh. Teu ngarasa digeubig-geubig ku Duyeh. Teu ngarasa lapar. Teu ngarasa naon-naon.
Bandung, 1 September 2010