
Reuwas ningali dunungan pakupis, paroman ngemu kasieun, Bi Warsih rampang-reumpeung, can pati jelas kudu dikumahakeun eta tas teh. Naha make kudu dipiceun sagala? Naha tasna atawa eusi tas nu teuing naon jeung naha make nyebut atah adol sagala kana tas nu sakitu alusna. Leuh, lebar temen tas nu teu tuah teu dosa kudu dipiceun sagala. Bi Warsih rikat mulung tas hideung nu ngalumbruk, seletingna muka, eusi tas sawareh balatak dina lante, murudul, racleng basa tas neumbag sisi ranjang basa dialungkeun sataker tanaga. Can oge ramo Bi Warsih tepi kana tali tas nu ngagapuy. Gorowok deui dununganana ngabejaan sangkan ati-ati. “Kade Bi…iyyy…kade leupas…”
Bi Warsih ngarengkog. Leuwih panasaran naon nu kade leupas sagala. Barang tas disuwaykeun. Katingali aya beurit leutik sagede bal tenis ngarengkol dina tas, matana herang, awakna ngadegdeg nenjo aya leungeun nu ngaragamang ngadeukeutan. Bi Warsih oge bakating ku reuwas mah milu ngagoak. Tapi sanajan sieun jeung geuleuh kapaksa tas teh dicokot terus dibawa ka buruan. Beurit leutik teh dikoer ku gagang sapu, sina kaluar tina tas dununganana. Beurit murengked, gorehel nolol tina tas, nirilik kana handapeun pot kembang suplir. Kokosehan neangan tempat panyumputan.
“Na…asa kacida teuing ieu mangkeluk teh make aya dina tas sagala..” Bi warsih kukulutus. Tas dikepruk-kepruk, bisi aya nu nyamuni deui.
“Atos Neng…Tos teu aya beuritna oge.” Bi Warsih ngasongkeun deui tas ka Suci.
“Hiiih…ka ditu!…ka ditukeun…” Suci ngabirigidig deui bari pakupis.
Bi Warsih tambah helok ningali kalakuan Suci. Kasebutna ka dunungan naon anu diparentahkeun tangtu kudu diturut. Kaluar ti kamar bari teu lemek deui, tas hideung dibawa bari dikeprik-keprik. Tas kameumeut Suci. Sanajan tas teh loba ngajajar dina lomari estuning teu sirikna unggal warna aya. Nu pulas hejo mah kantenan sababaraha rampasan. Minangka warna kasukana. Memang geus ilahar mun wanoja make papakean teh kudu sarwa nyurup, tina tas, sapatu, jeung warna baju. Paribasa ambeh ‘matching’. Malah mun hayang leuwih sampurna bros, anting, kangkalung oge lelepen, jam tangan katut hape oge warnana kudu sarua. Dipasieup deui warna kosmetik nu diterapkeun dina kongkolak panon atawa lipen setip oge kudu warna nu sarua. Kakuduan nu ngalantarankeun riweuh sabab jadi loba pisan biayaaneun.
Tapi dibanding-banding jeung nu sejen Suci mah teu pati ningkah. Pan rencang damelna mah diselop oge ngajurungkunung, hak tinggi bari congona lancip. Matak inggis nu ningali, paur tijalikeh. Rok span pondok, luhureun tuur. Kaluhur cukup dikameja potongan leungeun pondok nu lahak dada katut cowak palebah kerahna. Sabangsaning nu kuduna nyumput buni teh jadi nonggerak. Matak serab, matak resep nu ningali, utamana keur lalaki anu careraman. Teu kaop ningal nu mencrang.
Suci mah siger tengah, rumaja mangkak dewasa. Najan kasebutna geus mapan boga gawe, bisa hirup mandiri, jauh ti indung-bapa nu ayeuna aya di lembur. Pangala boga sorangan teu ieuh dipake royal kana make. Basajan wae. Tapi lain teu merhatikeun kana barang pake. Da sarua ceuk pikirna awewe mah ngajaga penampilan teh kapan modal nu teu weleh kudu diutamakeun. Harga diri teh apan lain ukur ditangtukeun ku batur nu ngajenan, tapi kudu muncul ti diri sorangan. Pan dina barang pake oge, make baju model nu kumaha bae, bisa nunjukkeun ajen diri nu makena.
Suci ngareureuhkeun kareuwas di kamar. Ngadaplok dina kasur. Hatena teu weleh hemeng. Mikiran naon nu jadi lantaran aya beurit dina jero tasna. Memeh indit ngantor tas teh pan diriksakeun heula eusina. Nu aya dina jero tas dikaluarkeun, bari dientepkeun deui naon wae pangabutuh manehna bisi aya nu tinggaleun. Dompet aya tilu, nu hiji wadah receh, nu hiji tempat nunda hape, nu hiji deui dompet husus keur neundeun duit nu rada badag, maklum di kantor dipercaya jadi bendahara, juru bayar gaji pagawe. Diinget-inget deui, salila di kantor eta tas ditunda dina luhur meja. Pamohalan aya beurit sagala, da kaayaan kantor beresih. Teu loba pagilinggisik jeung karyawan sejen da rohangan gawena misah ti nu lian. Ruang husus bendahara. Paling-paling loba nu datang teh lamun waktuna babayar. Eta oge ngantri dina loket, kahalangan ku kaca satengah tangtung nu dikolowongkeun tengahna, melengkung sapas leungeun.
Beurit. Beurit nanahaon ujug-ujug aya dina tasna? Moal kitu beurit kajajaden? Boa lain beurit samanea. Gebeg, Suci ngarenjag. Inget deui ka Pa Misja. Satpam kolot nu tilu poe katukang datang rek nginjeum duit kas kantor. Lain duit saeutik. Suci lain teu karunya ka Pa Misja. Tapi da ditingali tina struk gajihna geus euweuh deui potongeun lamun dibere deui nginjeum. Hutangna geus salaput hulu. Ningali warugana mah pikarunyaeun. Jaba geus kolot, jaba rea biayaaneun. Anak ti pamajikan nu kolot tilu sakolakeuneun, budak keur meumeujeuhna bilatung dulang. Anak ti pamajikan nu ngora hiji ge ririwit. Gering jeung gering wae kadengena teh sakitu umurna kakara tilu taun. Tapi da boga pancen nyekel duit kantor mah teu siga nyekel duit yayasan atawa panti jompo, nu kudu loba barang bere atawa sodakoh. Kudu puguh itung-itunganna. Lamun teu kitu pasti Suci nu katempuhan buntut maung. Tekor, kudu ngagantian pikeun nyumponan gajih pagawe.
Suci geus lapor ka dunungan oge ka bagian personalia. Sabenerna nu matak Pa Misja masih tetep dipake jadi satpam di kantor teh tinimbanganna pedah karunya. Da cacak teu karunya mah geus lila di-PHK. Tanaga geus euweuh pupurianeunna. Ari tetep dikukut kalahka riweuh ngangsonan sagala pangabutuhna. Suci lain jelema anu sulit ati. Tapi mikiran hirup Pa Misja sok jadi gemes jeung geregeten. Tuda teu gemes kumaha. Pa Misja mah ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed. Sakitu geus aki-aki tujuh mulud masih keneh hayang nyandung ka budak parawan jekekan. Kembang buruan nu keur meumeujeuhna murag bulu bitis. Atuh sanajan dikersakeun boga anak oge kalahka teu kaurus, budak manyin indung ginding, antukna budak jadi ririwit. Kawantu bibit kalapa kolot nyangsang dina taneuh penghar, najan jadi oge kalahka kena ku paribasa hirup teu neut, paeh teu hos.
Lenyap, Suci ngalenyap. Tunduh kagareuwahkeun ku ingetan kana pok-pokkan Pa Misja memeh indit ninggalkeun rohanganna. Satengah ngutruk, satengah ngancam ka dirina, halon tapi eces kadenge “Beurat birit, buntut kasiran, dasar buntut beurit!”, panon Pa Misja ngaburileng. Gusti! Boa ucap-ucapan Pa Misja teh lain ucap tanpa harti. Tapi supata pikeun nyumpahan kuring. Suci ngadegdeg. Ngarasa taram-taram manggih pakuat-pakaitna antara Pa Misja jeung beurit nu aya dina tasna. Tapi naon maksudna? Pa Misja ambek teu dibere nginjeum duit jeung beurit nu aya dina tas? Weleh teu manggih jawaban.
Lila-lila Suci ngarasa cape. Baluweng pikir teu bisa ngartikeun naon nu karandapan ku dirina. Reup peureum. Ngalelerkeun hate, ngalilipur dirina sangkan ulah kabaud ku pipikiran nu teu kahontal ku akal. Sabab kulak canggeum bagja awak pamikirna aya dina katangtuan Gusti Alloh. Suci dihenteu-henteu oge incu ajengan di lemburna. Henteu kosong ku elmu panemu jampe pamake sangkan hirup tingtrim ati, tinemu jeung bagja diri. Hirup nyorangan lain pedah can aya nu mileuleuheungkeun. Lain pedah euweuh nu naksir. Tapi hate can merean kudu mikir-mikir rarabi. Asa senang hirup sorangan. Kukumpul banda ladang kesang sorangan, jaba dipake nyenangkeun awak, ditabungkeun dina rekening geus diniatan keur munggah haji, oge bisa ngiriman ka indung di lembur.
Pa Misja! Bener Pa Misja! Moal nyalahan deui, kitu gerentes hate Suci. Kacindekan hasil benangna ngalenyepan. Tapi pas eta kacindekan ditepikeun ka Wanti, batur sakantorna. Wanti teu panuju. “Ulah suudon ka batur! Ulah sagawayah, bisi kaasup pitenah. Taya hubungan antara beurit jeung Pa Misja. Abong kena ijid ka beurit ti keur budak, ayeuna keuheul ka Pa Misja, hayoh dipatalikeun jeung beurit. Eta mah beurit keur lapar, ngagalaksak ka mana karep. Coba inget-inget, harita dina tas pasti aya kadaharan atawa aya naon bae nu pikauruyeun sakadang beurit pikeun sukan-sukan dina jero tas.”, ceunah. Wah, loba deui omongan Wanti nu murudul teu kawadahan. Tapi omongan Wanti dipikir-pikir ku Suci aya benerna. Bisa jadi eta beurit kasasar kana jero tasna pedah lapar neangan hakaneun.
“Awww…Aww! “ Suci ngoceak bari panon buncelik, leungeunna bieu antel kanu geunyal, buluan dina jero tasna. Moal salah, aya si atah adol deui nyumput dina tasna anu hejo. Juru bayar nu rek nampanan duit ti Suci milu ngarenjag, reuwas ngadenge Suci ngagowak. Pangacian Suci racleng. Sabagian batinna ngulawit ka alam katukang, Suci ceurik jejeritan di juru kelas. Herti batur sakelasna nu siga jalu, ngasong-ngasong beurit nyingnying dina leungeunna. “Moal naon-naon, da bageur...Moal ngegel, yeuh geura…” Herti teu malire kasieun Suci. Pangrasana pirakadar beurit nyingnying, teu matak gila, lucu nu aya.
Tilu poe ti kajadian manggihan beurit dina tas nu kadua kalina, Suci gilig, rek mere nginjeum duit ka Pa Misja. Kajeun duitna pribadi, lain duit kantor. Di henteu-henteu oge tetep bae kapikiran. Eta beurit lain beurit samanea. Beurit titahan Pa Misja, pikeun neror dirina. Duit tabungan haji mah pan moal bisa dicokot deui da geus dianggap harta fisabilillah, harta nu geus ulah dilieukkan deui da geus diniatan keur bajoang di jalan Alloh. Teu wani ngaganggu da ceunah sok aya matakna. Geuning geus loba kacaritakeun nu wani-wani nyokot teuteundeunan keur ongkos munggah haji mah sok aya wae tungtungna nu matak pikasieuneun. Lamun duit nyelang dibeulikeun heula mobil, mobilna tabrakan. Lamun duit dibeulikeun heula imah, imahna kaduruk. Kitu oge ceuk beja. Can kungsi ngabuktikeun sorangan da palias teuing.
Suci rido ngalesotkeun suweng jeung kangkalungna ka toko emas, asal bisa nyumponan pamenta Pa Misja. Nginjeumkeun duit ka Pa Misja sabenerna sarua jeung marabkeun hayam ka buhaya, ulah ngarep-ngarep bakal mulang deui. Da ku enyana atuh. Ka saha-saha, paribasa nginjeum, tapi cadu mayar. Leuheung basa lamun aya omongna, “Punten neda sarantos, teu acan tiasa nawur.” Pan ieu mah damang wae, jiga nu teu gaduh sambetan. Malah lamun aya nu wani nagih oge kalahka leuwih galak ti anu nagihna. Ceunah ari teu niat tutulung mah ulah sok wani-wani nginjeumkeun. Ari kudu mayar ayeuna keneh mah, sok wae peuncit yeuh Bapa, sugan payu dijual dagingna. Laaah, daging aki-aki, lanyed kitu mah bororaah payu dijual. Barina oge daging jelema mah keur nanahaon.
Isuk-isuk keneh Suci geus saged. Duit geus diasupkeun kana amplop. Memeh miang eusi tas geus dientepkeun sakumaha biasa. Tas bulao tina bahan kulit nyurup jeung papakean geus dicangklekkeun kana puhu leungeun nu katuhu. Teu kacatur di jalanna. Suci geus nepi ka buruan kantor. Pa Misja ngajega di lawang rohang satpam, paroman teu pati berag. Suci teu loba mikir deui, langsung ngasongkeun amplop ka Pa Misja.
“Pa, artos abdi pribadi ieu mah, sanes artos kantor.”, Suci teu pati sumanget ngajelaskeun.
“Mangga. Nuhun. Nuhun pisan, Insyaallah, saenggalna digentosan”, Pa Misja haripeut nampanan amplop ti Suci.
Suci teu pati hayang loba cacarita. Da pastina oge, jangji Pa Misja nu sarua jiga kitu geus diucapkeun ka unggal jalma bari teu ngabukti. Suci lain eleh jajaten, pedah mere nginjeum duit kitu wae ka Pa Misja bari kudu ngajual barang nu dipikaresepna. Suci ngan hayang ngabuktikeun, yen pamikirna bener, Pa Misja neror dirina ku mahluk pikageuleuheun. Sugan wae ari geus dibere nginjeum duit mah hate Pa Misja leah. Suci leuwih milih korban harta daripada kudu susah hirup diteror ku beurit. Salian ti eta, Suci oge hayang poho ka Herti anu Bengal. Sabab lamun inget ka manehna sok terus inget ka beurit nyingnying. Rujit pisan, pikageuleuheun.
Teu leleda Suci neruskeun hanca gawe kamari. Komputer geus saheng siga seeng nyengsreng. Mendekul entri data duit kaluar jeung duit asup, ngitung debet-kredit, tutup bulan bahan laporan. Ngebul sirah Suci. Waktu istirahat geus kaliwat. Babaturan sapagawean ti tadi geus jul-jol ngajak ka kantin teu dipalire. Ukur kebat nyebut “Mangga we tipayun”, bari teu ngalieuk-lieuk acan. Poho kana lapar, beuki pogot kana pagawean. Panon manco kana layar monitor. Saeutik deui oge rengse. Tinggal ngecek jumlah ahir, diklopkeun jeung itungan samemehna. Cangkeul leungeun teu digugu, hayang buru-buru beres. Kawantu lapar kaliwat, kesang renung dina tarang. Tiisna beda, tiis camewek. Matak seueul kana angen. Ragamang leungeunna ngarampa tas bulao, niat rek nyokot tisu. Teu hese ngodok da geus nempat lebah-lebahna. Uyup-ayap bari panon tetep manco kana komputer. Leungeun Suci anu bodas ngadak-ngadak jadi pias tur ngeleter basa ngagilisir kanu keur cinutnut dina tasna. Suci ngoceak, panonna buncelik.
Bandung, 7 Oktober 2010